Mahabarata anu geus pohara panjangna tea kawas anu kurang panjang, buktina ngan sirikna henteu unggal kaca pada ngareka, pada “nyempal” tuluy dianggit deni. Lalakon anu sarupa kitu disebutna “sempalan”, upamana bae: Bale Si Gala-gala, Saembara Drupadi, Bima garwaan ka Arimbi, Dibabarkeunana Abimanyu jeung jaba ti eta, sakur anu enyaan aya dina aslina Mahabarata¹), dianggit deui, disusurup dipasieup.
Jaba ti lalakon sempalan, aya deui lalakon teh nya eta ”carangan”. Nu dicaritakeun dina ieu lalakon biasana henteu kasebut dina Mahabarata aslina, upamana bae: lalakon Pegiwa-Pegiwati, Sawargabandang (Lali Jiwa), Subadra larung, Murcalalana jeung rea-rea deui. Ku urang beunang oge dianggap, yen lalakon carangan mah wungkul ciptaan dalang atawa karangan para bujangga beh dieu bae.
Di antarana rea karangan anu (ka-behdieunakeun) pohara sadaek-daekna dikarangna, upamana bae:
- Pandu sajaman jeung Abimanyu.
- Lasmana sajaman jeung Gatotkaca.
- Kombayana pupus (lain dina Baratayuda).
- Sri Kandi kagungan putra.
- Satiaki magar saderek bungsu Kresna.
- Rama sajaman jeung Kresna.
Jaba ti eta rea deui karangan jeung rekaan, salian ti ucul tina galur lesot tina babon teh dibarengan ku sepi wijina suwung sulukna. Hal eta hartina sarua jeung ngaruksak kaalusan atawa kaluhuran kabinangkitan. Puguh ari karugian nu Mangrupa duit atawa nu karasa nyeri ku jasad mah henteu aya, tapi ku urang diingetkeun, yen ruksakna kabinangkitan teh sarua jeung ruksakna sabagian kabudayan; ari kabudayan tea apan salah sahiji nu jadi panghurip kabangsaan. Jadi upama ruksak, teh, hartina henteu mulus atawa tanpa daksa.
1) Aya anu nyebatkeun, yen ; Lalakon “Carang kadapur”’ langkung caket kana poko. Lalakon “Carangan” nya eta rekaan tina sabagian tina poko, dupi sempalan mah sami sareng lalakon ”karangan” atanapi “ciptaan” bae, teu kaditu teu ka dieu. Pamendak kieu, sabalikna ti anu lahar sok jadi papahaman dalang di Pasundan.