Ieu kaca geus divalidasi
- ngagunakeun nanggala ka tunggal wargi keneh, jadi mending teu ngiring ka ditu ka dieu.
- Cek sawatara buku atawa cek dalang, Aswatama teh magar teu milu perang. Saenyana milu, malah ragot ijen jeung Bima, ngan Sanggeus pasea jeung Salya masinikeun hal ngusiran kareta Kama, tuluy pundung, Jeuleuweungan. Balikna deui sabubarna perang, ngabongohan Destajumena, Srikandi jeung Pancawala nu keur sarare nepi ka maraot.
- Karna kengingna konta teh dina padalangan mah waktu Gatotkaca dibabarkeun, nya eta ku muslihatna resij Aradea, Karna ngarebut ti Agjuna, nalika anjeunna nyandak eta pakarang ti sawarga pikeun ngeureut' tali ari-ari orok. Dina Mahabarata mah konta teh paparin Indra nu ngarupakeun brahmana, tutukeuran jeung ”baju kere” katut anting.
- Lesotna tina bahya kaduruk di bale si Gala-Gala, ari dina padalangan jeung buku-buku mah magar ku pituduhna careuh bodas. Dina Mahabarata mah ku ”piwelasna” Widura anu ngawurukan ka Yudistira, yen kudu bisa ”nurutan landak” jeung engkena miwarang nyieun jalan dijero taneuh.
- Subadra magar pupus kacepet bada perang Baratayuda, tapi nurutkeun kitab Baratayuda, hirup nepi ka ngalaman ningali Parikesit jadi raja di Astina.
- Dina padalangan, Drupati teh putra Drupada ti Gandawati, kungsi disaembarakeun make pamuk Gandamana. Dina Adiparwa (bagian Mahabarata) mah lain kitu. (ilikan Mahabarata).
- Heula-pandeurina sawatara “pasal” oge ku urang beunang dipake ngukur kurang ati-atina anu nyieun lalakon sempalan, Contona:151