Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/154

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Garwaanana Bima ka Anmbi, rea anu “nempatkeun” sela-sela Pandawa marulih ti Wirata jeung arek prungna Baratayuda¹). Ieu teu bisa jadi, sabab, upama Bima harita tepungna jeung Arimbi, — dina kari sawatara poe deui kana perang Baratayuda — kudu iraha dibobotkeunana jeung dibabarkeunana Gatotkaca? Jeung piraku Abimanyu geus garwaan ka Utari putri Wirata ari Bima teu acan nikah ka Arimbi? Kuduna lalakon Bima garwaan ka Arimbi mah di antara lolos ti si Gala-Gala jeung saembara Drupadi.
  2. Lalakon ”Sumur Si Jalatunda”, nya eta nyokot cupumanik Asta gina nu dieusi minyak tala ti jero sumur, dina padalangan di Pasundan mah kacaritakeunana para putra teh geus jumeneng raja, malah Arjuna ge geus garwaan. Harita teh kudu milih antara salira resi Dorna jeung pakarangna (rupa-rupa panah jeung keris). Mangsa eta teh dina Mahabarata mah para putra marurangkalih (jajaka) keneh, sasat diasuh keneh ku Bisma. Tegesna: mangsa para putra guguru keneh di Dorna mah acan aya nu jumeneng raja.
  3. Arjuna Mintaraga (Arjuna Wiwaha) ku sawatara dalang mani pok deui, pok deui disebutkeun, lantaran tereh Perang Jaya, (maksudna: Baratayuda) tuluy “tapa”. Hartina: tatapana Arjuna ngarah dipaparin pakarang matih ku Batara Guru teh dina geus deukeut ka Baratayuda. leu henteu bisa jadi, sebab saperkara lilana oge lima tahun, kaduana dina taun panutup, dina terah Baratayuda mah Pandawa teh apan nyamur di Wirata. Dina Mahabarata disebutkeun, yen tatapana Arjuna teh bada Semiaji maen dadu. Tatapana dipiwarang ku Abiasa. (Baca Mintaraga, wedalan Bale Pustaka).

1) Saseepna mangsa dibuang 12 taun tuluy nyamur sataun teh harita, di Wirata. Bada ngarendengankeun Abimanyu ka Utari (putra faja Wirata) nya teras ngutus Kresna nyuhunkeun nagara Astina ka Suyudana.

152