Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Sawatara dalang, dina lalakon Kurupati-rabi, Kertawiyoga, Alap-alapan Surtikanti, lahir pun Samba jeung nu sajaman ka dinya rada beh ditu teh, sok "nyelapkeun” Gatotkaca. Maksudna ku urang kaharti: ngarah rame, dumeh Gatotkaca teh pohara pada mikaresepna. Saenyana dina lalakon eta mah henteu aya Gatotkaca.
    Kawasna bawaning ku resep ka Gatotkaca, anu dina Mahabarata kacatur teu kungsi bojo-bojoan acan teh, ari dina padalangan mah “dikawinkeun” ka Pergiwa, malah boga anak "Bangbang Kaca,” tah bedana.
    Jaba ti anu ditatan di Juhur, rea-rea deui Jalakon nu "salah jaman" atawa paselup heula-pandeurina pasal teh.
    Hal nu sarupa kitu ku sawareh dalang jeung sawatara nu resep ngagurit lalakon wayang perlu diingetkeun, ulah ngarah dapon rame.
    Alusna atawa dipikaresepna ngawayang teh henteu kudu gumantung kana "diselapkeunana" wayang pangabogoh nu lalajo tapi katarik ku pangabisa dalang. Tegesna: ku perbawa dalang, nyokot lalakon nu kumaha bae oge tangtu narik hate nu lalajo, teu kudu nambahkeun atawa "nyelapkeun" nu mistina teu aya.
    Mangka inget: lain dalang kudu gumantung ka nu lalajo, tapi nu lalajo gumantung ka dalang.
*
**
  1. Ejahan, boh ngaran jalma, boh ngaran nagara, gunung, walungan atawa pulo meh kabeh beda.
    Hal eta teu matak heran, lantaran aksara Sanskrit jeung ngomongkeunana, letah Sunda tangstu bae beda deui jeung letah India, henteu gampang pikeun letah Sunda, nu matak kacida kahartina upama ku letah atawa ku ejahan Sunda diboro nu babari teh, upamana:
    Agwatthaman (Aswatama); Bhoeri-Crawas (Burisrawa); Dhestarastra (Dasarata); Ghatokaca (Gatotkaca); Laksmana (Lasmana); Pasupati (Pasupati, pesopati mah tetela salah, lain teu bisa); Wrehatcanka (Wirasangka): Sweta (Seta); Catanu
153