Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

(Santanu); Hidimbi (Arimbi); Satyaki (Sencaki); Caktri (Sakri); Pamadi (Permadi, Permedi mah sidik salah) jeung rea-rea deui ngaran anu “robah” ejahanana.

Kakara sakitu mah ku urang beunang keneh dilelebah, tur hampuraeun. Tapi sawareh mah pohara matak kaliruna, sabab sasatna diganti, nepi ka jiga sejen nu dimaksud, contona:

Bhara-Dwaja (Baratmaja); Kaugalya (Sukasalya); Madira (Maerah); Matsya-Pati (Mangsahpati); Gakuni (Sring kuning); Madra (Mandraka); Dwaraka (Darwati); Pancala (Campala); Sapwani (Sempani); Upa-Kicaka (Rupakenca); Mithila (Mantili) jeung jaba ti eta.

Ieu oge urang teh acan sakumaha “lieurna” nuturkeunana, tapi anu matak kerok jeung bingung teh ku reana ngaran, boh ngaran nagara boh ngaran jalma nu teu aya dina babonna, ”ngaberendel” dina rekaanana, sawareh mah diganti nu aya dina aslina oge, upamana bae ngaran jalma: Ekalaya = Palgunadi; Gatotkaca = Purabaya; Samba = Purwaganda; Abimanyu = Angkawijaya; Bima = Jayasena; Yudistira = Darmakusuma; jeung rea-rea deui, jaba sababaraha hiji ngaran rangkepan pikeun saurangna nu dina padalangan disebut "dasanama" tea — sakumaha nu geus diterangkeun, Mahabarata India teh direka nepi ka jiga kajadian di pulo Jawa.

Ngaran-ngaran nagara, jaba ti rea nu robah ejahan teh rereana mah dina padalangan teh nyokot ngaran nu ilahar sok dipake ngaran tempat di pulo Jawa, upamana bae: Sawojajar, Banjar-Jumut, Madukara, Pringgandani, Pringjenar, Paranggelung, Sokalima, Tarajutresna, Tunggulmalaya, Guabarong, Karangtumaritis jeung rea-rea deui, malah walungan Gangga mah robah jadi si Logangga atawa Sologangga, padahal maksudna mah Loh (walungan) Gangga.

Aya robahan anu sada deukeut, padahal pohara pisan jauhna, nya eta ngaran kawah "Candra di Muka" anu asalna tina "Tambra Gohmuka". Nepi ka siga papalingpang bawaning ku jauh.

Robahan sarupa kieu teh kajadianana bareng jeung ngareka

154