5. Arjuna panah Rodadadali (Ardadali) jeung panah Saro-
tama (Asrotama) anu jamparingna beunang dititah rag-
rag di mana bae sarta bisaeun balik deui. Eta panah nu
dua teh pangleler ti Dorna, jaba ti eta Arjuna kagungan
keris: Pulanggeni nu raheutna matak rutung, keris
Kalanadah jeung keris Pancaroba. Ti Batara Guru Arjuna
kenging nugraha panah Pasupati¹).
6. Salya ajian Candrabirawa (saenyana "canda-bhairawa"
pangwirid ti mertuana, Bagawan Bagaspati). Cek pada-
langan watekna "canda-bhairawa" teh bisa ngadatang-
keun balad buta mangrebu-rebu, tapi ari cek buku kuna
mah watekna teh ngaluarkeun panas (canda = panas,
nereptep, matak tutung) anu kacida hebatna (bhairawa=
pikasieun, matak gigis).
7. Karna tumbak konta dipakena dilempagkeun. Dina
padalangan sok disebut panah, padahal ngaranna bae
oge, "konta" geus nyabejakeun maneh, hartina tumbak.
Cek padalangan, magar tadina mah pikeun ngeureut
puseur Gatotkaca, ku Karna direbut ti Arjuna. Cek
Mahabarata mah eta tah "panukeuran" baju kere nu
rapet kana salira Karna jeung anting-anting2). Meunang-
na dipake ngan sakali dina saumur hirup, sarta sanggeus
dipake eta konta bakal balik deui ka Indra (nu kagu-
nganana).
8. Kresna kembang Wijayakusuma, paranti ngahirupan anu
maot; beling bunder (kristal nu ilahar sok dipake norah
ku tukang nujum) disebutna Lopian watekna terang ka
nu acan atawa bakal kajadian; cupu manik Astagina,
cepuk leutik nu aheng kasiatna, di jerona aya nagara sa-
gala rupa; cakra, dina padalangan mah panah. Saenyana
pakarang paranti maledog, bangunna buleud-gepeng
1) Lain keris, sakumaha cek sawareh dalang. Pacu = sato; pati = pach (aya deui harti-
na pati = dunungan), tegesna dunungan sakabeh sato, nya eta Siwa. Dipaparin-
keunana ku Siwa ka Arjuna, nalika Siwa nyamur jadi paninggaran, pura-pura
bubujeng. (Dina Arjuna Wiwaha atawa Mintaraga).
2) Ilikan Pandawa Kasangsara (wedalan Bale Pustaka).