Gangga, di palebah puseur nagara karuhunna nu nelah Kurm- Janggala. Di kuloneun dayeuh anyar tea lalakon 8 poe aya tanah datar katelahna Kuru-Ksetra, hartina Tanah Padataran Kuru’’.
2. Indraprasta, dayeuh kenging ngababakan Pandawa, Dina padalangan disebutna Amarta1), dumeh asalna leuweung Amar nu pohara weritna.
3. Matura, dina padalangan disebutna Mandura, dayeuh- na nagara Jadawa, lemah cai Baladewa jeung Kresna.
4. Dwaraka anu dina padalangan sok disebut Darawati atawa Meralaya tea, hiji dayeuh kenging ngababakan Sri Kresna di sisi basisir kulon, ayeuna Guzerat. Pangna ngadamel nagara di dinya, lantaran perlu pikeun mubus para Jadawa anu dibuburak ku balad raja Jawana waktu Matura dirurugan ku Magada.
Sakitu ge sugan cukup sakadar pikeun ngabandingkeun antara ngaran dayeuh, nagara (bangsa atawa golongan) jeung jalma mah ayeuna kari ngaguar anu patali jeung terah.
Dina sesebutan India baheula, nyirikeun terah hiji-hiji turunan teh sok make rarangken "awa", atawa"a" contona:
1. Batara Rama sok disebut Ragawa, tegesna terahing Ragu. Dina padalangan Ragu teh jenengan ibu Batara Rama.
2. Para saderek, para putra jeung para wargi Basudewa katelahna Jadawa margi anjeunna teh terahing Raja Jadu.
3. Rundayan Prabu Kuru disebutna Kurawa. Dina Maha- barata babakuna dipakena ngan ka Suyudana jeung para saderek- na wungkul. Dina padalangan sok kasalahan ngalarapkeun, magar "korawa" teh balad, sok disebutna ge “balad-korawa,”
4. Pikeun ngabedakeun terahing Kuru ti nu disebut"Kurawa” — lain Korawa — tea, dina Mahabarata para putra Pandu teh disebutna Pandawa hartina terahing Pandu. Ku nu teu apal ka lebah dinya, Pandawa teh disangkana ngaran nagara.
Upama nilik kana harti -kecap, nyebutna oge lain kudu Pendawa tapi Pandawa, da jenengan ramana oge lain Pendu tapi Pandu.
1) Numutkeun nu kapapay, amarta (amrta) teh ngaran leueutan Batara Siwa.
162