Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/166

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

6. Pawongan, ari cek Sunda mah badega; nu dimaksud teh: Semar, Astrajingga, Dawala, Togog jeung Dayun.

Dina pustaka-pustaka asal, boh nu basa India, boh salinanana, dina basa Kawi, badega-badega teh henteu kaungel, tapi dina padalangan jeung dina wawacan-wawacan mah sok dipake bukur catur sambara carita, malah sakapeung mah sok ngahaja dijieun jejer carita, upamana bae:

  1. Dewa-Lalana (Semar jadi raja di Pudaksategal).
  2. Semar-Papa (Semar jadi Batara Ismaya).
  3. Semar-Jantur (Semar jeung anak-anakna jadi tukang ngamen sulap).
  4. Sidajati (Semar jadi pandita).
  5. Dutawama (Dawala jadi raja).
  6. Bagawan Dawala (Dawala jadi pandita).
  7. Pandu Bregola (Cepot jadi raja).


Jaba ti eta rea-rea deui lalakon anu ngahaja nyaritakeun pawongan tea. Lalakon sarupa kitu kaasup kana ”carangan.”

Lantaran dina Mahabarata mah teu aya pawongan tea, jol pertanyaan: Naha ieu teh pituin yasana bujangga urang? Saha nu kagungan yasa? Iraha "diselapkeunana" kana pawayangan teh? Ti mana nyokotna? Naon maksudna?

Eta pertanyaan pohara hesena dijawabna. Nu palinter ge teu aya nu sapagodos, sapahamna-sapahamna bae.

Dina padalangan geus ilahar dianggapna Semar, Cepot jeung Dawala teh dewa nu nyamur, malah Semar mah saenyana Batara Ismaya atawa Sanghiang Munget, raka Batara Guru, cenah. Lumungsuma ka dunya teh jenah pikeun ngajaring turunan Barata, malah ngagandekna oge ti jaman Parasara nepi ka jaman Gendrayana, bao Arjuna, jadi 7 turunan ti Parasara1)

Cek sawareh deui Semar teh hartina "samar", disebut lalaki da susuna nyeungseung cara susu awewe jeung biritna dempok sarta beungeutna aya paroman awewe, tapi ari disebut awewe da

1) Parasara sanes terah Barata, nanging “jadi lantaran” tumedakna darah Barata.

164