radikal teh. Malah kitu logikana oge, supaya Islam bisa nerekab, sagala rupa bibit-bibit atawa tangkal-tangkal agama Hindu dirabut jeung akar-akarna.
Bareng jeung pating geredugna kalungguhan para pandita, harita kalungguhan para raja (baca: Sultan), para patih, para mantri oge tambah undak.
Teu kudu dicatur deui, yen robahna agama jeung robahna "pandangan" ka pandita jeung raja, patih, mantri teh, mawa robah kana umumna kaayaan hirupkumbuh. Ari robahna kaayaan hirupkumbuh tea, geus teu meunang henteu, tapi misti bari ngarobah kana kaayaan kabudayaan. Jadi robahna kasusastraan oge milu robah ku maneh, otomatis lamun cek barudak kiwari mah.
Tah, dina alam robahan ieu, paranan Dorna milu robah teh. Tina pandita anu dipunjung diagung-agung, dipikolot ku sanagara, robah jadi "jelema purah ngagonggorokan atawa ngadu-ngadu rajawisuna."
Sabalikna paranan patih Sakuni, nu dina Mahabarata jadi hileud peuteuy, bibit rurujit, indung pakucrut teh, milu ka luhur jeung undakna darajat para patih dina jaman eta. Sakurang- kurangna, sanajan henteu nyekel paranan patih anu binekas sarta wijaksana oge, henteu ari kacaritakeun jadi patih dengki atawa jail kaniaya mah, Dina lalakon wayang model padalangan, tampolana ngan ukur jadi "figurant" nya eta anu milu ulin tapi teu kaabus kana boga paranan penting.
Kacida henteu mustahilna, upama Dorna (pandita) dihaja digejretkeun teh ku nu ngarang lalakon padalangan, ngajaga supaya agama Hindu ulah kahudang-hudang deui, sangkan henteu nga- gokan kana mekarna Islam. Sabalikna, Sakuni (patih), sanajan henteu dihaja diapungkeun oge, tapi ari "dipindingan" mah geus nyata. Malah, supaya jalmarea ulah nepi ka boga anggapan anu kurang hade ka para patih, ka para mangkubumi, sagala kajailan- kajailan jeung kagorengan-kagorengan Sakuni dina Mahabarata teh, ari dina padalangan mah 100% diteumbleuhkeun kana pundak pandita Dorna.
Kitu mungguh tiori kuring patali reujeung pindahna paranan