Tukangeun dalang beulah katuhu tempat tukang kendang;
tukangeun dalang pisan tukang rebab; tukangeun dalang beulah
kenca nyi Jurusinden.
Di tengah: tukang kolenang ngagigirkeun tukang gambang
nukangan tukang saron. Beh tukang pisan, lamun gamelanana
rempeg, sok aya kempul, ketuk kenong jeung jengglong, ari goong
biasana di juru beulah kenca, goong gede jeung goong leutik.
Lamun tatabeuhan geus merenah tuluy "ngajantur" nya eta
natakeun golek dina gebog. Nancebkeunana golek tea henteu da-
rapon bae, tapi aya aturanana. Sanajan kitu, lantaran henteu
unggal dalang sarua reana golekna atawa sarua pisan hijina, dina
ieu buku oge henteu beunang ditangtukeun kalawan pasti, yen
unggal ngajantur kudu ceples sakumaha conto di handap ieu.
Conto di handap mah ngan sakadar pikeun calecer bae, nya eta
kieu:
I.Katuhueun dalang
a. Dina gebog kadua (gebog luar), ti sisi mapay ka tengah:
1. Arimba; 2. Bima; 3. Brajamusti; 4. Indrajit; 5. Ganda-
mana; 6. Antareja; 7. Gatotkaca; 8. Rama; 9. Kresna;
10. Judistira; 11. Arjuna.
b. Dina gebog kahiji (gebog jero), ti sisi mapay ka tengah:
12. Anoman; 13. Sugriwa; 14. Satiaki; 15. Narayana;
16. Wibisana; 17. Ugrasena; 18. Samba; 19. Laraskonda;
20. Palgunadi; 21. Nakula; 22. Sadewa; 23. Subadra;
24. Irawati; 25. Drupati; 26. Banowati; 27. Sri Kandi;
28. Larasati; 29. Sulastri; 30. Arimbi; 31. Rukmini;
32. Satiaboma; 33. Sinta; 34. Abimanyu-bayi.
II. Kencaeun dalang.
a. Dina gebog kadua ti sisi ka tengah: 35. Kumbakarna;
36. Buta-hejo; 37. Buta-terong; 39. Rahwana; 39. Dur-
sasana; 40. Suyudana; 41. Durmagati; 42. Durmuka;
43. Drupada; 44. Boma; 45. Baladewa; 46. Jayadrata;