47. Kangsa; 48. Drustaketu1); 49. Batara Guru; 50. Karna.
b. Dina gebog kahiji: 51. Kalasrenggi; 52. Burisrawa; 53. Salya; 54. Indra; 55. Brahma; 56. Darma: 58. Udawa; 59. Sukumi; 60. Citrayuda; 61. Aswatama; 62. Wersasena; 63. Lasmana; 64. Abimanyu.
(Anu ditatan ti 1 nepi ka 64 teh teu salawasna kitu pareleanana, lantaran henteu unggal kotak sarua eusina. Di beh-tengah, biasana sok aya bedana antara janturan itu jeung ieu).
Di tengah-tengah, antara wayang kenca jeung wayang katuhu dina gebog luga, ditanceban gugunungan (gunung kelir).
Naon sababna nu matak dicaruk kitu? Naha teu sabaturna-sabaturna, Kurawa pada Kurawa, Pandawa pada Pandawa, Buta pada Buta, Dewa pada Dewa?
Eta sasmitana: Tuhan henteu pilih kasih. Unggal manusa pikeun Anjeunna teu dipanta-panta.
III. Hareupeun dalang.
Di handapeun gebog biasana sok para pawongan jeung emban, nya eta: Semar, Cepot, Dawala, Emban Perdapa: Emban Rangkung jeung golek sarupa kitu nu lianna.
IV. Katuhueun dalang di handap.
Biasana (lamun panggung lega), di dieu teh turub kotak dipake wadah, rerempah, kayaning: cakra, konta, pasupati, nanggala, roda-dadali, pulanggeni, kalanadah, jeung pakarang sejen lian ti eta; kitu deui sasatoan upamana bae: Nagagini, Ardawalika, Wilmana, Irawana, Andini, Singarudra, Abrapuspa, Jatayu, Parang- garuda, Kidangkancana jeung balad 2).
1) Ieu teh meh sakembaran, sok dipake ’patih Sabrangan’’ biasana jadi malingguna ka Amarta atawa Astina.
2) Kulit pasagi ditatah gambar soldadu sapakarangna. Di hareupna patingsulagrang: tumbak. Eta teh sok dimisilkeun “Kurawa” anu 98 (jaba ti Suyudana jeung Dursasana), Nya ieu nu ngajadikeun kaliru anggapan teh nepi ka disangkana "Kurawa teh balad.” Panjangna katerangan bab Kurawa, ilikan pasal III bab terah.