Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/178

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sakur nu aya dina turub kotak kabeh dijieunna tina kulit.

V. Dina kotak.

Biasana di jero kotak teh pandita, kitu ge ngan anu sering kacaturkeun bae, upamana: Doma, Abiasa, Wasista, Sampani, Druwasa jeung jaba ti eta. Kecrek jeung campala (panakolna) tara dihijikeun jeung gamelan, tapi dina kotak bae, sasat jadi sabagian tina kotak.

Jumlah-jamleh reana wayang dina sakotak teh pangsaeutikna 60 mah kudu. Lamun make rangkepan, ngahaja bisi aya wayang anu ruksak sabot ”dipake” pireaeunana teh 100 leuwih. Anu sok aya “sarepna” babakuna Arjuna jeung Gatotkaca, malah Arjuna mah sok aya nu nepi ka lima. (Saenyana lain ku butuh-butuh teuing ku serep, tapi dumeh di antara wayang kabeh, Arjuna teh pangbabarina dijieunna, malah cek nu sok nyieun golek, magar nyieun Arjuna tilu jeung Jayadrata hiji teh leuwih gancang nyieun Arjuna tilu).

Lamun eusi kotak henteu rempeg pisan, dalang teh sok kapaksa make wayang sejen pikeun wayang nu perlu teh, dipilih nu meh sakarupa.

Upamana bae butuh ku Raja Jungkungmardea, lantaran teu aya wayangna, nu dipake teh Indrajit bae, Seta sok ”patukeur” jeung Udawa; Wibisana jeung Narayana; Sinta jeung Subadra: Trijata jeung Sri Kandi; Burisrawa jeung Bukbis; Kumbakarna jeung Arimba, jeung saterusna.

Dina hiji mangsa aya nu nanggap wayang (golek) lalakon ”Damarwulan.”

Ku sarerea tangtu kaharti, yen pikeun ngalakonkeun ”Damarwulan” mah kudu make wayang-gedog lain wayang-purwa sakumaha nu ilahar sok dilalajoan tea.

Tapi dalang ten eleh akal, wayang-purwa tea bae nu dipake teh, ari nu diwayangkeun, nya eta: Arjuna jadi Damarwulan: Sri Kandi jadi Anjasmara; Subadra jadi Kancanawungu; Nakula-Sadewa jadi Seta jeung Kumitir; Dasamuka jadi Menakjingga: Aswatama jadi Logender: Dursasana jadi Kotbuta; Indrajit jadi

176