Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/179

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Angkotbuta; Setiaki jadi Menak-Koncar; Cepot jadi Sabdapalon; Dawala jadi Nayagenggong; Abiasa jadi Ajar; Samba jadi Arya Jipang; Gatotkaca jadi Rangga Lawe jeung jaba ti eta. Cindekna sakur anu mistina wayang-gedog teh, kabeh oge wayang-purwa; beres bae, nu lalajo “teu majar kumaha”, malah rereana mah henteu terangeun, yen ’’dibobodo.”

B. Gugunungan

Aya hiji barang anu kacida perluna pikeun ngawayang, nya eta gugunungan sok rajeun oge aya nu nyebut kayon.

Upama kudu dicaritakeun ditetek sapuratina katut harti-hartina, tangtu kacida panjangna. Anu hayang terang leuwih hade maca pustakamangsa “Jawa” 1926 kaca 333: ’’Jawa ’’ 1928 kaca 28; pustakamangsa nu dikaluarkeun ku Gedong Gajah taun 1931 kaca 623; jeung rea-rea deui.

Anu aya di Pasundan mah gugunungan teh rereana dapon ngabangun bae, ukiranana sadaek-daek, malah rea anu teu mantra-mantra kana patokanana.

Gugunungan teh lain ngan aya hartina anu leuwih jero bae, tapi make aya awewena jeung lalakina. Bedana, dumeh awewena mah lebah biritna “demplon” henteu “tepos” kawas lalakina, ku kituna nu awewe teh leuwih gede batan nu lalaki.

Bedana gugunungan Sunda jeung Jawa nya eta Sunda mah Sok dapon bae ngabangun tatahanana cararang teuing (karancang teuing) ari gugunungan Jawa jaba ti leuwih kerep jeung apik teh Tata-rata teu geseh ti patokanana.

Bedana gugunungan Jawa jeung Bali, nya eta gugunungan Bali mah peped henteu lancip di tungtungna jeung sawatara gambar di beulah ti handap nu biasana sok aya dina gugunungan Jawa jeung Sunda, di Bali mah teu aya, biasana sok diganti ku gambar naga. Sasatoanana dina “tangkal’’ teh henteu rea cara dina gugunungan Jawa,

Hiji-hijina babagian gambar gugunungan tea, nya eta (ti handap ka luhur): 1. dasar, 2. gelar, 3. buron, 4. makara, 5. kayon, 6. puncak. (Gelar, saenyana ”lar’” hartina jangjang).

177