teh diobahkeun, tapi teu dicabut).
Cindekna, gugunungan teh pohara jerona hartina, malah saenyana lain ngan dina ngawayang di urang bae dipakena teh tapi di sawareh tempat oge, upamana di Kalimantan jeung Sulawesi di nagri Siem (Muang Thai) jeung di Viet Nam malah di Mesir aya pamake nu rea cocogna jeung jero jerona bab gugunungan tea, sanajan beda lahiriahna oge, tapi hal eta mah moal diterangkeun di dieu Di ditu disarebutna ”tangkal kahuripan.“
Ari dipakena gugunungan teh minangka layar dina sandiwara, mere tanda ka nu lalajo antara sahiji-hijina jejer.
Jaba ti eta diminangkakeun : gunung, gedong, tembok, tangkal leuweung, guha, jeung sapapadana.
Memeh manggung, lamun golek geus dijantur, gugunungan teh ditancebkeun di tengah-tengah jagat. Sawareh dalang Sunda, satukangeun gugunungan teh sok neundeun Arjuna atawa Semar minangka ”panajemna.”
Unggal anggeus hiji jejer atawa dina rek ”nyigeg,” gugunungan tea dihelabkeun, tuluy ditancebkeun di sisi