Narada) sarta ratu buta tea tuluyna mah eleh.
d. Ngiwat
Putri rek dikawinkeun bet aya nu ngiwat. Biasana Gatotkaca nu sok katideresa, katempuhan kudu nyusul. Dina bapa maling geus rek beunang sok aya-aya bae lantaranana kana panjang lalakon, duratmaka teh leupas deui, tapi raratanana mah kasusul.
Gatotkaca nyelang balik heula popoyan. Tuluy malingguna teh disarusul. Biasana elehna teh sok ku pisalakieun putri nu diiwat tea.
(Putri nu diiwat tea ku nu ngiwat sabot lumaku di jalan sok disumputkeun, upamana bae dina cupu manik, dina gelung atawa ali).
e. Nampik
Salahsaurang ti antara Pangeranputra bade direndengan keun ka hiji putra nanging teu kersaeun, teras lolos. Sajeroning nilar nagara tea rupa-rupa lalakonna. Engkena amprok jeung nu panuju kana manahna, nembe kersa mulih deui ka nagara.
f. Saembara
Saenyana meh kabeh bae lalakon wayang mah bab "marebutkeun putri” atawa sakurang-kurangna aya patalina jeung putri (upamana : mulangkeun panyiraman, ngalayatan impian, katipu, j.s.t.)
Ari dina swa-yam-wara ¹) nu ku urang sok disebut saembara tea biasana putri teh sok ngahaja ”ngadukeun” jajaten para raja nu ngalamar, boh sina ijen jeung salahsaurang jago di nagara eta — biasana saderek atawa paman putri — boh disina nembongkeun pangabisana, upamana bae mentang gondewa pusaka nat teu kitu pabisa-bisa nyumponan kapalay putri, ilaharna mah barang nu hese beunangna, tapi geus disebutkeun dina uga, yen baring supagi baris kapimilik ku pisalakieun putri tea.
Sakitu babakuna anu sok dilalakonkeun ku dalang di Pasundan teh. Upama dilelekan, nu ditaan tia nepi ka f teh kabeh oge
1) Ilikan berendelan kecap di tukang.