Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/186

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sapotongan bae, ukur beda pulas jeung raehan.

Hiji hal anu beunang dipastikeun ti samamehna, nya eta : sanajan kumaha bae oge lalakonna, ahirna mah nu unggul atawa untung teh pihak Pandawa. Ana rajeun pihak Kurawa meunang “untung” biasana mah sok peperet, pesesaan atawa pamilihan Pandawa.

2. Biantara

Nu dimaksud ku biantara teh nya eta ngomongna Ki Dalang patali jeung nu dilalakonkeun tea. Ngomongkeun atawa nyaritakeunana tea teu meunang sakarep-karep, tapi aya aturanana jeung tumpa-tumpana.

Upama kudu dibagi-bagi eta biantara teh dijadikeun ku dua gundukan gede, nya eta pocapan jeung kakawen (paucapan jeung kakawian).

  1. guneman : ngaromongna wayang itu jeung ieu.
  2. nangtang : ngajak tarung ka musuhna.
  3. susumbar : umangkeuhna nu rek tandang.
  4. tresnan : nu silih asih (atawa anu ceurik).
  5. lulucon : banyol atawa bobodoran.
  6. catur (gedongan) : dalang nyaritakeun anu baris kalakon atawa baris dilakonan ku wayang tea sangkan nu lalajo terang kana ”jalanna” carita. Dina kieu biasana dalang teh tara nyekel wayang.

Ari hiji-hiji babagian kakawen, nya eta:

  1. rerenggan : mamanis anu sok dikawihkeun ku dalang, jadi panambah malar atra jeung eces nu dilalakonkeunana. Biasana sok dipirig ku gamelan.
  2. suluk : ngahartikeun (mukakeun) harti hiji-hiji sasmita wayang, babakuna nataan "sagalana" wayang anu rek dikaluarkeun atawa upama aya robahan dina bubudenna, upamana bae tina teu naon-naon jadi ambek, eta napsu ambekna teh sok dikakawenkeun.
    184