Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/187

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pagawean Nyi Jurusinden dina ngawayang lain saeutik, sabab kudu bisa ngeuyeub-ngeuyeub karasmenan.

 Dina antara catur jeung renggan atawa renggan jeung suluk.
lamun geus peuting (biasana liwat pukul 11) sok diayakeun sinden,
nya eta kawih atawa sesebred tukang nyoraan jeung panayagan nu
teu aya patalina jeung lalakon. Ieu teh minangkana mah nyelangan
dalang nu geus mimiti capeeun, ngarah rada nyenghap heula.

3. Pareleanana
 Ngadalang teh henteu meunang dapon rame. Sanajan upama-
na nu ngalalakon tea Dawala jadi pandita atawa Semar jadi tukang
sulap oge teu meunang jol-jol ngabijilkeun Semar, Cepot, Dawala,
buta atawa pandita 1) tapi kudu puguh pareleanana, beres entep
seureuhna. Biasana kieu:

1) Beda deui jeung jol-jol ngigelkeun emban atawa Citrayuda - biasana igel-keurseus
anu minangka bubukana. Ieu teh teu aya patalina jeung lalakon, wungkul
nembongkeun pangabisa dalang tina bab ngigelkeun bae.

185