Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/189

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 VII. Di pagelaran sejen. Lamun nu dina II jejer Astina,
ayeuna jejer Amarta - atawa sabalikna - anu maksudna cara II
jeung V. Tuluy budal.
 VIII. Tatan-tatan. Maksudna cara dina IV jeung VI, malah
tampolana mah ku dalang sok diliwat bae, tara make ngatur
barisna deui.
 IX. Di Pringgandani. Gatotkaca ngadeuheusan ka Arimbi.
Sabada diwurukan, Sang putra sok dipiwarang ka Amarta.
 X. Ibing Purabaya. Sanajan henteu patali jeung lalakon,
tapi geus jadi kabiasaan dalang sok ngigelkeun Gatotkaca, biasa-
na igel keurseus lagu anu gararing. Anu dalangna pinter mah sok
diborong, ibingna teh ti kering-hiji nepi ka kering-tilu, tapi lamun
dalangna henteu bisaeun mah ibingna teh sok dipilihan bae pin-
cig, jangkung-ilo gedut (jagreug) jeung lontang sarta sonteng.
XI. Perang gagal atawa papacal, nya eta amprokna Gatot-
kaca jeung patih buta tea atawa jeung balad nu kasebut dina IV

Buta rek ngabegal satria di tengah leuweung. Adegan tina Wayang Golek Modern (Partasuwanda).


187