Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/191

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jeung Kresna mopoyankeun tina sagala hal nu kasorang.

XVII. Tepung utusan. Utusan Astina amprok jeung Kresna katut Pandawa. Biasana tara luyu. Lebah dieu Kresna padu jeung Dorna. Dorna biasana bari babangkitan jeung ambat-ambatan matak teu pikaresepeun, ari Kresna make alesan anu kaharti ku akal.Ngawayang lebah dieu biasana geus janari gede.

XVIII. Perang Astina. Lantaran Dorna jeung Kresna sarua keukeuhna, nu sejen milu panas nepi ka ger ribut. Biasana pada boga sanghareupaneun anu kira-kira sapantar, upamana bae Bima ngayonan Dursasana jeung Baladewa, Gatotkaca ngalawan Aswatama jeung Jayadrata, Arjuna (upama aya), ijen jeung Karna. Biasana anu eleh teh urang Astina.

XIX. Buta balik. Patih jeung tumenggung buta tea ngadeuheus ka raja buta nerangkeun lalakonna. Raja buta bendu tuluy mepek balad, bral miang ka tempat lebah ngumpulna Pandawa tea.

XX. Tepungsabrangan. Amprokna raja buta jeung Pandawa. Raja buta “meredih” supaya Pandawa daek ngalaksanakeun pamenta (nya eta nu jadi marga lalakon tea, upama bae : putri nu dipikahayang, jimat nu jadi panayogyaan, atawa naon bae). Biasana pudigdig Bima bendu, nangtang ka raja buta.

XXI. Perang barubuh. Perang antara Pandawa jeung buta, disebutna perang barubuh sarta buta-buta teh sok paraeh tumpur pisan. Perangna teh perang tandingan. Arjuna (lamun teu keur leungit) sok ijen jeung raja buta. Bima jeung patih, Gatotkaca jeung nu lianna pada boga sanghareupaneun. Lamun Arjuna kacaritakeunana keur leungit, Pandawa teh tara aya nu kuat. Engkena raja buta teh dibasmi ku cakra Kresna, janggelek jadi Arjuna. Mun teu kitu sabalikna, Kresna ti tatadi henteu kawayangkeun leungit - ceprot raja buta dipanah ku pasupati Arjuna, jenggelek jadi Kresna.

XXII. Wekasan. Ngumpul ngariung Pandawa limaanana katut para putra katut Kresna (boh jeung Samba jeung Satiaki atawa henteu, kumaha lalakonna bae).

189