Tancep Kayon Kebojiro
Conto anu ditataan ti I nepi ka XXII teh dicokot umumna sebab teu mustahil aya lalakon anu pohara mengparna selang-surupna. Sanajan kitu, robahanana ngan hiji dua bae, sarta ngarobahna ti semet XII, jadi kira-kira tengah peuting, kitu ge ari namatkeunana mah angger kudu XXI jeung XXII bae.
Lalakon anu jejerna henteu kawas di luhur, nya eta Jabang Tutuka; Mintaraga, Kresnaduta, Jabang Aswatama jeung sawatara deui nu kaitung henteu sering didalangkeun.
Tapi sanajan sakumaha bae oge mengparna lalakon atawa jejer, ari mungguh wijina jeung galeuhna mah henteu kaci jauh tina kamistian. Ari kamistianana teh, nya eta Sajumlahing lalakon, ti tatalu nepi ka “euweuh” nepi ka wujud nepi ka ”mulih ka jati, mulang ka asal”
Tegesna ari lahirna mah, nya eta jejer jeung lalakon anu dileunjeurkeun, pek bae masing beda-beda oge, ngan batinna, nyaeta eusi sajatinging jati, kudu tetep ayana.
Hal ieu, sapamendak kuring, anu bisaeun teh ngan dalang-dalang anu geus "kahot" bae. Sakumaha bae gesehna lalakon, sakumaha bae bedana jejer, tapi wiji mah tetep eta-eta keneh. Najan enya ngawayang (alam kiwari) sakadar panglejar, najan enya digedekeun kawihna jeung bojegna, tapi Ki Dalang pribadi tetep ajeg dina rel kasajatianana. Lahiriah jeung dunyawiah robah-robah nurutkeun pamenta jaman atawa - dina kapaksana - nyumponan kahayang nu lalajo, tapi eta mah Sang Galeuh, ku dalang tetep henteu dirobah.
Dalang beh dieu, babakuna anu ngarora keneh, ngan hiji-dua bae anu bisaeun nyumponan bab ieu. Rereana mah, geus puguh lalakonna dikarang sakama-kama, jejerna dijagatkeun sadaek-daek, wijina oge teu dipikiran meueus-meueus acan, kilangbara bari jeung dirasakeun teh.
Ari pangna kitu, kawasna bae henteu terangeun kana pesekeunana, atawa bisa jadi teu terangeun kumaha mesekna. Cara kana kalapa, terangna teh, leungit tapas manggih batok. Ilang batok kari daging, pangrasana dagingna tea bae anu perlu teh, padahal nu enya mah dat-dat anu aya dina santen, daging jeung santen