Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/201

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

6. Perang

Dina perang musuh anu adu_ hareupan teh sabisa-bisa kudu nu sarua pangkatna atawa sakurang-kurangna sarua harkatna. Raja pada raja, ponggawa pada ponggawa, atawa meunang oge upamana patih — ti Sabrang — ngayonan Gatotkaca atawa pangeran nu sejen; lebah dieu mah hartina nu perang teh saharkat, menak pada menak masing teu sapangkat oge.

Upama nurutkeun kana tetekon pageuh kana rukun-rukunna tatakrama dina pawayangan, moal nerangkeun Cepot jeung Karna atawa Aswatama; moal nepi ka Swandagni sina tarung jeung Dawala; moal buta-terong sina papuket jeung Arjuna.

Sok rajeun kacaritakeun Baladewa atawa Karna bendu ka Gatotkaca, malah Dursasana mah bari bade nanganan sagala rupa.

Sanajan kitu, kudu tetep dina tetekon, teu meunang gapruk-gapruk bae diperangkeun, komo pasea pasia-sia lir pasea cacah rucah atah warah mah.

Ari kuduna : Baladewa, Karna atawa Dursasana benduna ka Gatotkaca teh semet keukeuh papaksa, keukeureuweut – upamana bae ngeukeuhan maparinkeun Pergiwa-Pergiwati, atawa ngeukeuhan miwarang mulih deui, ulah neruskeun lampahna — ari Gatotkaca teu ngahaturkeun nu dipundut atawa teu kersaeun mulih deui.

Anu bendu bade ngarebut, ku Gatotkaca ditewak tuluy dibalangkeun (tara dicabok atawa disepak). Dina rek dibalangkeunana make nyembah heula bari nyebut : ”Pangapunten rama-ua”. Dina geus ngaringkuk (biasana kacaturkeunana nu dibalangkeun teh sok kapaehan) ku Gatotkaca sok “diteang” ditingalian bisi pupus, kasampak keur ngajejer. Brek Gatotkaca tapakdeku, cong nyembah bari sasauran: ”Neda agung hapunten rama-ua. Putra henteu pindo damel tuluy nu kapidara ditilar.

(Ngarah ringkes sok sajeun henteu make ”diteang” deui, tapi cukup ku barang belewer dibalangkeun, bareng tomada bae).

Aya bedana saeutik jeung ka Dursasana, dumeh ieuh mah sok garihal rek ngajejek atawa nya Arora tuluy diheumpik atawa didengkul pundakna, dibobodo coplokkeun mastakana.


199