Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/202

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

capada teh aya nu dumeh kabendon jeung aya nu ka panggayuh tatapana jelema biasa.
 Dewa anu kabendon sok minda rupa sarta jadi gogoda ka biasana salasaurang satria anu jadi poko lalakon.
 Engkena diayonan ku satria tea, janggelek jadi dewa sarta ngajiad ka eta satria.(Contona: Lalakon Rama Bargawa, Dewaruci, Mintara dspp.)
 Dewa anu lumungsurna ku tapa atawa panyambatna hiji jalma biasana bari nedunan kapalayna nu tapa atawa nu nyambat tea (Contona: Lalakon Dewi Sawitri).
 Mun teu kitu, lantaran aya kajadian anu luar biasa di antara satria "putra" dewa, upama bae dina lalakon Panda Jajaka.

5. Panakawan
 Sakumaha nu geus sababaraha kali dicaritakeun, Pandawa teh bogaeun gandek tuturunan, nya eta Semar jeung anakna duaan Astrajingga (Cepot alias Gurubug) jeung Dawala (Petro). Cek sawareh anakna teh katilu Gareng, ari dina padalangan Jawa mah anakna nu tiluan teh : 1. Nalagareng atawa sok dipondokkeun

Astrajingga, cek urang mah "Si Cepot". Dina keur jadi raja atawa satria mah sok ditukeuran ku wayang sejen.
    Udawala. Ku urang mah sok diringkeskeun bae, disebut "Si Udel". Bareng jeung lanceukna, sok muka "pabrik seuri".

200