Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/203

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bae Gareng. 2. Petruk jeung 3. Bagong.

Jadi dina padalangan Jawa jeung Sunda henteu sapagodos pareleanana anak-anak Semar teh.

Bagong di Jawa (bungsu) di urang jati Cepot, Petruk di Jawa = Dawala di urang, ari Gareng di Jawa jadi... Gareng (nu bungsu?) di urang. Anu biasa dilalakonkeun mah ngan Cepot jeung Dawala (di Jawa Gareng Petruk) bae ari anak nu katilu mah meh tara dibabawa.

Sakumaha anu diterangkeun dina bab II (Kasusastran), para pawongan alawa panakawan teh, pituinyasana para bujangga di urang, lain bawa tina Mahabarata.

Ku urang sok dijieun sambara lalakon, dipake jalan pikaseurieun, malah ku sawareh dalang mah sok dipake jalan pikeun nyarita “partikulir” anu teu aya patalina jeung lalakon, upama bae biantara Semar atawa Astrajingga, sasadu jeung tomada ti dalang ka nu lalajo. Biasana dibarengan ngiring bingah ka nu boga hajat bari andum pangdu’a, upamana bae kapanganten,

Dalang anu wijaksana, teu arang lebah bijilna si Cepot jeung si Dawala teh bari ngaluarkeun kritik kana Tupa-Tupa kaayaan. Kritik tea dikedalkeunana bari heureuy jeung lulucon, henteu heuras getas ‘ pikangewaeun. Dalang anu bisaan, kritikna teh nya tenggel nya teurak, tapi lucu nu aya.

Teu kudu dicaritakeun deui, yen si Cepot jeung si Dawala teh dina sagala rupana kudu pikayungyuneun.

Di Astina henteu aya panakawan cara di Pandawa, ngan minangka gagantina sok make emban dina ngamimitian jejer (medalna Suyudana) kitu ge ngan semet ngiring, teu nepi ka ngabojeg atawa “diajak badami” cara Semar ku Pandawa.

Jaba ti di Amarta jeung Astina, di ”Sabrang” ogek sok aya panakawan, biasana Togog jeung Sarawita (Tejamantri jeung Wijamantri). Ieu panakawan minangka Semarna.

Sanajan dina Ramayana — cara dina Mahabarata bae — teu aya Semar jeung anakna oge, ku dalang mah sok dipaksakeun bae ”diselapkeun”, Semar jeung anak-anakna teh jadi panakawan Rama, sabab mun teu kitu moal rame, teu aya bodorna.


201