Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/206

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

8. Rekanama

Dina rupa-rupa hal rekanama teh kacida jadina panambah kana ecesna lalakon,

Mere ngaran ka jelema atawa nu boga lalakon, sok aya sajarahna. Contona :

1. Astina jeung Gajah-hwaya dumeh diadegkeunana ku Prabu Asti. Ari asti (hasti) hartina gajah. Gajah-hwaya = cara gajah, nurutan gajah, sarua jeung gajah.

2. Amarta (amerta) dumeh asalna leuweung Amer, (amer= urusan, nu kudu dipusti-pusti). Aya deui hartina Amarta (amrtta) cai-kadewatan.

3. Sri Kandi dumeh patukeur “kagungan” jeung buta ti nagara Kandibawa.²)

4. Boma (Bhauma) nya eta Sutija, putra Kresna di Pertiwi (= taneuh, bumi) pangna teu pupus upama antel kana bumi teh, dumeh putra Pertiwi. (Bhauma = anak bumi).

5. Aswatama (Acwatama). Aswa hartina kuda bikang, tama = ngulik, husu diajarna, teu aya kapetolanana (dina lebah Aswatama kecap “tama” teh pondokna tina Wilutama, widadari nu kabendon jadi kuda bikang sarta anakan jalma, dingaranan Aswatama).

6. Permadi (Pamadi) = tengah-tengah, panengah.

7. Pasupati (pacupati) = pasu hartina sato, pati tegesna paeh (= dunungan). Pasupati, paranti maehan sato, (dunungan sato), nya eta jamparing Batara Guru nu sok dianggo bubujeng. Dina ”Mintaraga” atawa “Arjunawiwaha”, Batara Guru ngagodana Arjuna nu nuju tapa teh ngarupakeun paninggaran keur moro. Minangka buruh gentur tapana Arjuna, jamparing katut gondewa Sang Guru ny dianggo bubujeng harita, dilelerkeun, Tah jamparing ieu, paranti maehan sato (pacu-pati) nu Mashur jadi pakarang Arjuna teh, jadi lain Peso-pati sakumaha nu sok disebut ku sawatara dalang. Batara Siwa pribadi sok disebut Sang Pasupati,


2) Dina padalangan - Ditukeurkeun ku Durga sarta ganti Ngaran Kandi-hawa,

204