VI. KAMISTIAN JEUNG LARANGAN
| Bapa Kayat nu katelah "Dalang Bintang di Garut. Dina waktu ngarang ieu buku mah dalang nu pangkolotna di Pasundan, tur nu mimiti pisan meunang bintang. |
Negadalang teh hiji kabinangkitan nu pohara legana ambahana, ngaragum sabaraha kabinangkitan lianna, kayaning : ngawih, ngigel, biantara, nabeuh, kasusastran, ngabodor, jeung ngarang.
Henteu kudu nepi ka unggal kabinangkitan tatas-patitis pahamna, tapi sakurang-kurangna semet rea katerang” mah tina hiji-hijina kabinangkitan nu karagum tea, misti, teu meunang henteu.
Sakadar conto, upamana bae tina bab ngawih, sakurang-kurangna kudu terang kana bab senggol jeung wawangsalanana; tina bab biantara sakurang-kurangna kudu capetang, bab nabeuh sawuduna kana surupan-surupan bae mah kudu apal; bab ngigel pangcopelna kudu nyaho kana cindek jeung koma[1] ulah godeg lain dina goong atawa gedig papalingpang jeung kendang; dina ngarang sakurang-kurangna kudu apal kana entep-seureuhna lalakon ulah nepi ka pabeulit atawa salah galurna ; ari bab kasusastraan pangcopelna oge kudu terang kana harti sawatara kecap Kawi.
Lantaran patali jeung kapercayaan tea, di urang mah nu jadi dalang teh teu meunang jol-jol prung “jadi”, kudu nyumponan heula sawatara tanjakan.
Anu geus tangtu bae kudu boga bakat. Watekna anu boga bakat sok dibarengan ku resepna jeung daek ngulik, boh ku jalan
- ↑ Ieu teh kecap istilah di kalangan ahli ngibing