disebut gawe sambian.
Ari kamistian-kamistian nu sejenna, nya eta ieu :
1. Antawacana (anta = tungtung; wacana = kecap). Maksudna : dalang teh kudu bisa niron lentong, lagam, sora jeung pok-pokan unggal-unggal wayang, teu meunang kabeh sarua (sasora). Beda-bedana sora jeung lentong tea henteu dapon beda bae, tapi aya patokanana (ilikan dina ieu buku bagian IX) urang teu meunang sangeunahna atawa sabisana bae ngomongna. Dina umumna wayang nu sirahna tungkul sanajan badag oge, upamana Suyudana — ngomongna mah ancat-laer; nu macangah sok capetang, ari nu tanggah jaba ti badag teh sok nu garihal.
Ngaturna sora jeung lentong jaba ti disurupkeun kana capetang-ancana, lemes-kasarna, leuleuy teureugeusna teh kudu surup kana pangkatna (harkatna jeung adatna. Upamana bae Anjuna jeung Judistira masing sakumaha keur benduna oge moal nepi ka hahaok jeung sugal sumawonna nepi ka garihal janggal, kasar cara nu sasar mah, kalah kumaha ge moal. Sabalikna, ari Dasamuka mah, masing ngarungrum jeung ngalelemu Dewi Sinta oge moal cara Narayana “otel” jeung Rukmini.
Cindekna : aya ugeranana.
2. Renggep (saregep tur hegar), tegesna teu matak bosen, teu matak nundutan, teu matak hayang balik nu lalajo, tapi : maka panasaran hayang nyaho tuluyna : matak cenghar nundung tunduh jeung matak betah lalajo. Beuki peuting beuki sari, janari matak kataji, geus subuh matak kaduyung, bubaran teu panasaran.
Ari bisana kitu, cek basa cohag mah dalang teh kudu uyahan. Caturna ulah ngayayay atawa ngemplad komo make jeung rea nu dibalikan deui tur rea nu salah mah boh ucap boh ungkara. Sabalikna ti eta ; ulah ngagorolang cara kacang ninggang kajang, nepi ka teu katuturkeun ku nu lalajo.
Henteu aya halanganana upama dalang lebah dieu ngayakeun kritik atawa sanggahan ka Pamarentah, jawatan, masarakat atawa umum, ngan carana kudu limit jeung malibir, ulah nembrak sarta nerang. Alusna upama mangrupa pepeling atawa temahwadi.