Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/212

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Nyelapkeunana, bisa dina guneman.

3. Enges (ngahudang rasa). Dalang teh kudu bisa narik hate nu lalajo ku panghudang rasa : dina pikasediheun kudu milubsedih; dina aya pikarunyaeun nepi ka ngarasa watir; dina mangsana birahi sing karasaeun tresnaningsih nyayang dina rasa nu lalajo. Tegesna rasa wayang (saenyana rasa dalang) kudu sarana lir nu sabadan sanyawa jeung nu lalajo teu meunang sulaya pakiakia. Ulah nepi ka dina lebah piceurikeun nu lalajo kalah ka ager-ageran saleuseurian, atawa dina amprokna ”nu bogoh” jeung ”dipikabogo” rea nu pating kalieus awahing era parada.

4. Tutug (anggeus). Dina nyaritakeun salahiji hal, boh dina guneman, boh dina gedongan, karatonan, suluk atawa naon bae, jaba ti kudu bener teh kudu anggeus, teu meunang eureun memeh anggeus atawa ditunclokan diburu perluna, diringkeskeun ngarah tamat. Cindekna, sakur anu aya dina pakem, eta kabeh kudu kacaritakeun.

5. Banyol (lulucon, guguyon). Dalang teh kudu bisa nyieun pikaseurieun tur merenah. Tegesna ulah ngabodor lain dina tempatna atawa lain dina mistina. Anu dipake ”bukur” ngabodor kudu anu luyu jeung kaayaan pawayangan. Ulah sindir sampir. Ulah kaleuwihan.

Ari berendelan hiji-hiji nu teu marenah, upamana ieu :

  1. Lain dina tempatna : Awabing ku hayang diseungseurikeun ku nu lalajo waktu sarerea pada bingung mikiran tali ari-ari Jabang Tutuka teu teurak bae dikeureut ku sagala pakarang, ana celengkeung teh Prabakesah (saderek Arimbi) ngomong: ”Euleuh-euleuh eta tali ari-ari bangun ngeunah mun dijieun sasate, pelem asa tamusu”.
210