Ieu kaca geus divalidasi
| Dalang Entah (Bogor), keur merangkeun Arjuna jeung hiji raja. Arjuna nu baris unggul, dicekelna ku leungeun katuhu, sarta heunteu "pasang". |
Ieu di handap aya contona. Anu disebut pandeuri, hartina beulah katuhu :
Judistira - Suyudana (najan yuswa Suyudana langkung anom, nanging kapiraka).
Suyudana - Kresna (jabi ti ratu teh Kresna mah "batara") Karna Baladewa (najan yusna Karna langkung sepuh, ukur "dipati", Baladewa mah "prabu").
Gatotkaca - Antareja (pangkatna sami, nanging Antareja teh saderek sepuh).
Abimanyu Gatotkaca (ayeuna mah ku kapisepuh teh Gatotkaca).
Gatotkaca Arimbi (najan lain raja tapi Arimbi teh ibuna).
Jaba ti eta rea-rea deui contona. Anu minangka iwalna nyaneta wayang "Sabrangan" - upamana bae ratu buta, patih buta
213