- ka nu kapi-indung bibi jeung ua (tara aya nu nyebut ibu mun lain ka indungna teges atawa ka maru indungna mah).
•••
10. Parama-sastra (paham kana kasusastran anu patali jeung pawayangan). Sakumaha anu kanyahoan ku sarerea, pawayangan teh aya pustakana, disebutna layang atawa pakem anu dijieun patokan pikeun ngadalang sapeutingeun-sapeutingeun.
Dalang teh kudu apal pisan, malah ari mistina mah kudu bisa macana jeung bisa ngahartikeun bener-bener, ulah ngan ”beja dibejakeun deui”, ukur patumbu-tumbu saur, patema-tema carita. Maksurna pangna nepi ka aya pakem teh:
- Malar teu salah lalakon.
- Malar teu salah mere ngaran.
- Malar jejeg sapeutingeun.
- Malar bener kakawenna.
Tah ieu dina lebah kakawen, dalang teh sakurang-kurangna kudu apal sapuluh ”sarga” atawa “sloka” mah tina pakem teh, boh mangrupa ”renggan” boh mangrupa ”suluk” (ilikan bab ”Biantara” dina pasal V jeung pasal VIII bab conto-conto kakawen).
11. Awicarita (awi = ahli kabinangkitan).
Maksudna: dalang teh kudu binangkit dina hal carita, cohagna mah: sugih ku lalakon, tabah kana pirang-pirang carita, ulah nepi ka aya nu menta salahsahiji lalakon, tuluy pugag, make ekol “bisi katulah” jeung ”pamali”.
Ana rajeun maksakeun maneh, da era disebut taya kabisa, tuluy ngacaprak, da puguh dipaparah, rasa maneh nu lalajo moal aya nu terangeun; moal ngahukum dina luputna, moal ngadakwa dina salahna, dina ayana nu mentog, ngabalicet kana ”kanda” atawa ”kaol”. Hal sarupa kieu muga ulah kajadian deui kahareup mah.
Kajadian sarupa kitu pohara matak hanjakalna.
Apalna kana pirang-pirang carita tea lain ngan apal cangkem atawa apal taram-taram bae, tapi kudu bablas katut unak-unikna,218