Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

PIHATUR DINA CITAKAN KA DUA

 Kalayan kabingahan, simkuring ngahaturkeun ieu buku citakan kadua.
 Supados henteu panjang teuing, wasta ieu buku disinggetkeun bae, tina ”Padalangan di Pasundan” jadi ”Padalangan”. Najan karaosna eta wasta siga langkung umum, nanging ku maos eusina sareng basana, tangtos karaos sarta kahartos, yen nu di-maksad teh padalangan anu aya di tanah Sunda.
 leu citakan kadua, satiasa-tiasa di ditu di dieu diwuwuhan, dugi ka kandelna oge kirang-langkung jadi hijisatengah kalieun citakan ka hiji.
 Awitna, aya emutan, bade moal kapambeng, pangwuwuh tea bade "digebbrokeun” saaya aya, dugi ka buku asal teh kalindih ku pangwuwuh, sarta mangrupi buku anu teu kinten kandelna.
 Nanging upami dugi ka kitu, tangtos ngaruag pamaksadan dinas ngawitanana, nya eta moal bade ngadamel buku anu nya kandel nya awis, nanging ulah cetek teuing kanggo anu parantos taram-taram, tur pangaosna saimbang sareng kaayaanana.
 Ngemutkeun ka dinya, pangwuwuh tea ge diwatesanan sakadarna bae.
 Jabi anu sela-selip sautak-saeutik di unggal bagian, nu kaetang pangwuwuh rada badag mah nya eta:

  1. Perkawis wayang-golek modem jasana Dalang R.U. Partasuanda katut perkawis "wayang suluh” numutkeun pedaran Saderek Much. A. Affandie dina majalah Sunda”.
  2. Petikan lalakon ”Arjuna Sasra Bahu”, dijojoan anu perluna, ngabantun tina yasana Dr. W. Palmer van den Broek.
  3. Singgetan tina Ramayana, jasana Dr. H.W. van Prooye — Salomons, dibanding ku jasana R.A.A. Martanagara.
  4.  Pangwuwuh anu disebatan dina ayat 2 sareng 3, patali sareng metuhna panuhun ti mana-mana. Dupi alesanana, kumargi di luar mah henteu aya pesereun, mangkaning seueur anu mikabutuh.
  5. Diwuwuhan ku paranan Dorna dina padalangan anu ”Sawangsulna” pisan tina lalakonna dina Mahabarata.
37