Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Ngarobahna tea Sultan Demak teh henteu nyalira, dibantuna ku para mitrana, babakuna anu sapaham sareng ajeunna.
 Sunan Giri ngawuwuhan rempegnȧ wayang tea ku wanara, nya eta monyet nu dina lalakon Batara Rama diluluguan ku Sugriwa. Alam harita wayang wanara teh panonna dua, cara buta.
 Sunan Bonang ngawuwuhan ku gambar sasatoan, kayaning gajah, kuda, garuda jeung jaba ti eta. Sangkan leuwih rempeg tuluy nganggit "rampog".
 Sunan Kalijaga ngatur kelir, gebog jeung balincong.
 Sultan Demak ku anjeun, jaba ti ngarobah "gambarna" teh bari tuluy ngadamel gugunungan sarta ngatur nancebkeunana (jantur) wayang dina gebog kenca-katuhueuna dalang. Di tengah-tengah, hareupeun dalang dikosongkeun, pikeun ngawayangna, disebutna "jagat".
 Nya ti harita di urang mimiti aya "wayang-kulit" nu make kelir, balincong jeung gebog teh. Ditanggapna ngan ti peuting bae, da kudu dilalajoan kalangkangna tea. Wayang beber henteu leungit, tetep aya bae, tapi ti harita mah geus tara ditanggap di karaton, ngan sok jadi kalangenan somahan santana bae.
 Patali jeung yasana Sunan Kalijaga ngayakeun kelir, gebog jeung balincong teh nu ngajadikeun rempegna wayang, di urang aya anggapan, yen saenyana ayana "wayang" (= bayang = kalangkang) mah yasa anjeunna, diaturna ku anjeunna. Tegesna: ayana tatanggapan "kalangkang jejelemaan" teh hojahna Sunan Kalijaga, da anu sejen mah ngawayang teh teu make kalangkang.
 Pepekna pisan mah wayang teh dina taun 1521, ngan acan ditatah sakabeh babagian-babagianana bae, nepi ka dina kalangkangna oge ngagebleg bae.
 Dina taun 1555 waktu anu jumeneng Sultan di Demak Raden Trenggana, jujuluk Sultan Sah Alam Akbar III kakara wayang teh ditatah kitu ge teu kabeh, ngan ukur panonna jeung sungutna bae, ngarah henteu ngagebleg teuing.

 Waktu dina taun 1553 Ratu Tunggul ti Giri ngawakilan Sultan Demak, bangun wayang teh dirobah deui, babakuna rada dipendekan, ari wayang awewena make jamang (baju) samping, kangkalung, anting, kilat-bahu jeung koroncong (kongkorong

44