Sangkan anu ngalalakonkeun wayang di mana-mana sarua, ulah belang-betong atawa tutung-atahan komo lamun nepi ka ngacaprak apruk-aprukan mah teu meunang pisan, tuluy dina taun 1584 Sultan Pajang ngadamel pakem wayang purwa jeung wayang gedog. Sakur anu ngadalang, anu ngawayang atawa anu nganggit lalakon wayang — upamana bae ngarang lalakon sempalan — pokona kudu nurutkeun pakem tea.
Ti harita nepi ka ayeuna, wayang teh teu sakumaha dirobah-robahna deui jaba ti leuwih “disampurnakeun” sautak-saeutik, upamana bae jaman paparentahan Panembahan Senopati di Mataram (1568 — 1601) ngarobah sawatara wayang nu katimbang kurang surup, babakuna: Bima digedean, Arjuna dileutikan, Batara Guru pananganana opat, buta matana ngarendeng dua.
Jaman jumeneng keneh Sultan Seda Krapyak di Mataram (1601 — 1613) wayang teh anjeunna diwuwuhan ku parabot perang, kalaning: panah Gamparingna), keris, gada, nanggala, candrasa, jeung sapapadana. Jaba ti eta, buta oge ditambahan ku Cakil (Kala Nyungir). Minangka robahan nu ”nangrosana” nya eta leungeun wayang-ayeuna mah lebah taktak jeung siku henteu ngahiji, tegesna beunang dilaan jeung diobah-obah malah digagangan ku awi atawa tanduk, disebutna ”tuding” pikeun ngobahkeunana. Ti harita mimiti wayang teh sok diigelkeun.
Robahan anu pangpandeurina, kajadian dina jaman Sultan Agung Mataram (1613 — 1645). Sawatara wayang dirobah ”daweungna”. Bima anu tadina tanggah ditungkulkeun, Suyudana disina rada ”montok”, Baladewa sina ”bosongot”, Kresna jeung Karna nu tadina tungkul disina ”dangah”, Subadra sina jalantir, Banowati sina ”ngareusi”. Sri Kandi sina dangah jeung jaba ti eta. Punjulna ti kitu, ayeuna mah wayang teh pulasan —babakuna beungeutna — diwarnaan, nu tadina ngan hideung bae teh.
Dina mulasna tea henteu darapon kabeh ngandung harti sarta di mana-mana dimistikeun pulas wayang teh kudu sarua. Upamana anu kayas, kabeh wayang eta mah kudu kayas jeung kayasna misti kudu kayas eta, ulah di ditu rada ngora di dieu mah rada kolot.
Ti harita nepi ka ayeuna ngalaman deui robahan anu