Di Jawa-Tengah aya nu ”nyieun” Wayang-suluh, ari di Sunda aya nu ”nyieun” Wayang-golek-modern.
Najan ieu dua rupa jijieunan teh nu hiji teu harib-harib ka nu hiji deui, tapi duanana oge di kalangan kabinangkitan mah diaraku yen eta kabinangkitan anyar.
Tina hal wayang suluh, ieu di handap aya pedaran Muh. A. Affandie, dicokot ringkesna tina Majalah ”Sunda” nomor 17 jeung 20 tahun 1953.
Wayang suluh teh ciptaan ”Generasi Baru Angkatan Muda Republik Indonesia”, nurutkeun putusan Kongres Pemuda Republik Indonesia ka-2. Maksudna nya eta lalajoaneun ka somahan anu buta hurup, pikeun mere panerangan bab harti jeung tujuan perjuangan revolusi.
Pintonan wayang suluh anu pangcikalna, nya eta tanggal 10 Maret 1947 di Balai Rakyat” Madiun. Saterusna di sawatara tempat di Jawa Tengah jeung Jawa-Wetan.
Lalakina lain nyokot tina wayang purwa atawa wayang madya, tapi ngahaja nyieunan sempalan-sempalan tina kajadian revolusi, upamana bae ”Perang Surabaya”, ”Naskah Linggarjati”, ”Babadamian Renville” jeung sapapadana.
Patali jeung eta, ku urang tangtu kaharti, yen anu boga lalakon ge jalma-jalma dina jaman revolusi tea, di antarana, cek Affandie, upamana bae: Bung Karno, Bung Tomo, dr Mustapa, drs Moh. Hatta, Ki Mangunsarkoro, Haji Agus Salim, dr Ratulangi, Wolter Monginsidi, van Mook, van der Plas, jenderal Spoor jeung sapapadana, diukir tina kulit.
Ari tatabeuhanana, bisa ku gamelan salendro, bisa ku terebang atawa henteu make tatabeuhana oge teu naon-naon.
Dina keur make gamelan, lagu-laguna teh aya nu klasik aya nu kaayeunaan. Tapi dina keur make musik mah bisa jadi nu kadenge teh ”Selabintana”, ”Pasir Putih”, ”Mars Pemuda”’, ”Sorak-sorak Bergembira” jeung jaba ti eta.
Mintonkeunana cara wayang kulit.
Sabada pareum revolusi-nu-make-pakarang, eta wayang Suluh teh diteruskeun ku Kamantrian Panerangan, pikeun ka-