Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngawayang tilu jam - tur ditambul - teh lain ngan bisa tamat salalakon bae, tapi bisa nyugemakeun ka nu lalajo (sanajan tadina maksudna mah sakadar tamba walurat teuing oge).

Ku Pa Ata harita karasa, kitu deui ku nu lalajo (ngadengekeun), yen tatas-rantasna lalakon dina tilu jam teh henteu matak pungsat sumawonna pegat galurna carita.
Tegesna lalakon anu biasana dijieunna 10 jam teh, beunang disinggetkeun dina tilu jam kalawan henteu ngurangan eusina. Tah ieu luang kieu, ku Pa Ata dicekel pageuh pisan.

Eureun perang timbul revolusi.

Dipangungsian Pa Ata jeung bojona (Nyi Arnesah tea), henteu ngadeluk teu puguh, tapi mikir-mikir hayang ngawujudkeun cita-citana, nya eta ngawayang bisa tamat tilu jam kalawan henteu ngaruag lalakon.

Jol ilham, nya eta inget kana sandiwara. Geuning dina sandiwara oge lalakon-lalakon teh bisaeun tamat dina dua-tilu jam tur leunjeuranana kaharti ku nu lalajo. Naha matak naon lamum wayang golek oge nurutan sandiwara nya eta eces-nembresna lalakon teh dibantuan ku dekorasi, boh paparabotan lianna.

Tah, enya cek pikir Pa Ata, kudu dijieun sandiwara bae wayang golek teh atuh. Atawa, beunang oge disebut sabalikna: Pa Ata nyieun sandiwara, ari nu maraenna lain jelema, ieu mah golek. Ari ngaromongna, lain ku dalang saurang, tapi sawatara dalang. Kitu deui nu ”nyarekelna” henteu ku saurang, upamana bae ku opatan. Jadi dina sakalina nyieun ”jejer” teh bisa ”ngobahkeun” atawa ”ngoyagkeun” dalapan golek. (Dina wayang golek kabaheulaan ngan bisa dua, jeung upamana saurang keur ”ngomong” anu lianna tingjaranteng bae naranceb kana gebog).

Kaperluan sandiwara lianna, kayaning layar, parabot, malah podium sandiwara sakomplitna, ku Pa Ata disadiakeun. Teu beda ti cara nu dadahut rek nyieun sandiwara biasa, bedana teh ieu mah laleutik.

Jadi tegesna, ieu mah lain cara nu disebut ”wayang patehi” wedalan Tiongkok tea, tapi sandiwara anu lengkep sarta tempeg ngan nu maraena golek, lain jelema.

Sajabana ti eta, jurusinden, nayaga, tatabeuhan jeung sakur

54