Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 anak-incuna.

f. Lamun sabot ngigelkeun wayang, wayangna ruksak - upamana coplok leungeunna¹) - eta teh mere alamat, yen nu boga hajat bakal meunang wiwirang.

*
**

Jaba ti kapercayaan nu ditataan di luhur, rea-rea deui kapercayaan nu patali kana "mamala" atawa "alamat goreng" dina pawayangan teh. Upama kudu dipedar kabeh di dieu moal boa matak "miris" nu boga karep nanggap wayang.

Kawasna, pangna ku para karuhun nepi ka diayakeun "mamala" teh taya lian ngan bawaning ku supaya Ki Dalang pohara ati-atina jeung ulah salah ngalalakonkeunana, sabab lamun salah ngalalakonkeunana, matak salah katampana ku nu lalajo jeung ngaruksak kaluhuran kabinangkitan. Upama henteu diuger ku "mamala" tea, bokbisi dalang tea sadaek-daek, sakama-kama ngadalangna.

Cegahan sarupa kitu, aya deui balukarna nu sejen, nya eta matak "borangan" ka dalang awahing sieun katulah tuluy bae henteu ngulik lalakon-lalakon nu aya "mamalana" tea.

Saenyana ari larangan atawa pamali dina harti "teu meunang dipintonkeun" mah, teu aya. Saratna ngan sarupa, nya eta dalang kudu apal bener sarta bisa bener kana saniskara lalakon. Ulah soteh mintonkeun lalakon nu salah ari nu bener mah sumangga teh teuing.

Kacida pisan hadena upamana unggal dalang bisa nyumponan lalakon sapamenta nu nanggap nandakeun yen manehna luhur panemuna, jembar pangabisana. Muga-muga unggal dalang di Sunda sing jaradi Juru-Barata nu enya.


1) Lamun dina wayang wong upamana bae: murag makuta udar beubeur, lesot geulang jeung sapapadana.

60