Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Jaba ti kapercayaan kana mamala jeung pucilakaeunana tea henteu kurang-kurang (malah rereana) kapercayaan kana pihadeeunana. Di sawareh jalma kapercayaan kana wayang teh pohara nancebna, pageuh batan leugeut teureun, teguh batan tunggul waru, percaya yen aya maunatna, percaya yen aya hikmatna nepi ka sok dipake parepeh-paripih, dijieun patumbalan pacambalan dipalar “nurbuatna” (maksudna ”nurutbuatna”) dipamrih nyurup-nyerepna nu dilalakonkeun ka nu dipangwayangkeun.

Ari nu sok dipangwayangkeun atawa nu nanggap wayang tea babakuna di nu: kawinan, tingkeban, puput-puseur, nyunatan, turun kaul, sidekah bumi jeung ngaruat.

Lalakonna ngahaja milih, henteu darapon prung bae, sabab pikeun unggal "hajat" aya lalakon piliheun, upamana bae:

  1. Di nu kawinan; lalakon nu kawin, kayaning: Partakrama (Arjuna garwaan ka Subadra); Jaladara-Rabi (Baladewa rendengan sareng Irawati); Kurupati-Rabi (Suyudana migarwa Banowati), jeung rea-rea deui.
  2. Di nu tingkeban (hajat di nu reuneuh tujuh bulan di sawareh tempat ngan di nu reuneuh dara bae) lalakonna sok milih lalakon dibabarkeunana salah sahiji satria, upamana bae: Jabang Tutuka (dibabarkeunana Gatotkaca); Lahiripun Permadi (dibabarkeunana Arjuna); Bimanyu Lahir (medalna Abimanyu), jeung jaba ti eta.
  3. Di nu puput puseur, sok rajeun oge aya nu nanggap wayang, lalakonna cara di nu tingkeban bae.
  4. Di nu nyunatan, henteu aya lalakon nu cocog pisan lantaran ari wayang mah gelarna teh dina samemeh Islam nerekab di urang. Minangka gagantina, nu dipilih teh sok lalakon satria ngiwat putri atawa lalakon saembara, upamana bae: Cuminalaya (Kresna anom keneh, "ngariribut" di Cumina[1]) Narasoma (Salya keur anom keneh ngiring saembara di Madura marebutkeun Kunti); Gandamana (Saembara Drupadi), jeung jaba ti eta.

61
 
  1. Nurutkeun babon: Kumbina, lain Cumina.