Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Di nu turun kaul[1] atawa dinu meunang kabungahan, upamana bae nu naek pangkat, nu meunang lotre, nu cageur gering, milih lalakonna teh kudu bangsa nu katurunan wahyu atawa nu lugay tapa atawa anu dipaparin tawis-asih ku dewa, upamana bae: pakarang, widadari, ajian atawa sabangsana, kayaning: Arjuna-Wiwaha (Mintaraga), (Arjuna lugay tapa, perang sareng Niwatakawaca, teras rendengan ka Supraba di Suralaya); Batara-Gatotkaca (Purbaya kasurupan Sanghiang Wenang). Dawala pikeun “ngawarah” Pandawa; Jalatunda (Dorna maparinkeun pakarang ka Arjuna); Dewaruci (Bima nampi wahyu).
  2. Di nu hudang gering atawa lesot tina balai, upama bae lalakon Si Gala-Gala (Pandu salamet tina bahya diduruk) Subadra Larung (Subadra aya nu nelasan hirup deui).
  3. Di nu sidekah bumi, (bada panen atawa bada rengse ngababakan) lalakonna kudu anu patali kana palawija atawa tatanen, upamana bae: Mikukuhan (Dewi Sri jadi pepelakanan) Sri-Mahapunggung (Dewi Sri nyinglar sagala rupa hama); Sri-Mantuk (Dewi Sri mulih ka Suralaya bada ngaharjakeun dunya atawa naon bae anu patali kana lalakon Nyi Pohaci Sanghiang Sri Dangdayang Teresnawati.
  4. Di nu ngaruat nya eta nyinglar kacilakaan nu dilalajoankeun teh kudu Purwakala (Batara Kala ku Batara Guru diwidian lungsur ka bumi).

Sakumaha anu diterangkeun ti heula, kapercayaan kana wayang teh di sawareh jalma mah pohara kukuhna, nepi ka rea anu apal kana ”jujutanana”, magar ti jaman Nabi Adam turun-tumurun nepi ka para raja di pulo Jawa, sabab - cenah - eta wayang teh enya ayana, malah, pokna teh, puguh urut-urutna,


62
 
  1. 1) Kabeh dieunakeun, patali jeung sa,an sakola sakola (babakuna di Priangan) sok nanggap wayang, ngabubungah barudak jeung minangka pangajak ka nu rek nyakolakeun anakna. Hanjakal lalakonna sok sadaekna bae, padahal rea lalakon nu surup, upamana bae: Srikandi diajar manah; dieksamen" ku Doma. Kurawa jeung Pandawa nembongkeun kabisa; Prabu Nala diajar aji luhung: Narasoma diwiridan Candrabirawa jeung rea-rea deui.