Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tuh Kali Serayu, tuh pulo Madura, tuh gunung Dieng jeung jaba ti eta patilasan-patilasan wayang.
 Ari hal "jujutanana" ti Nabi Adam, kieu dongengna: Hiji mangsa Nabi Adam sareng Ibu Hawa paseueur-seueur saur, marebutkeun para putra. Saur Nabi Adam magar putra anjeunna, dumeh anjeunna nu ngayugakeun; saur Ibu Hawa puguh putra anjeunna, margi anjeunna anu ngakandung. Tungtungna mutus anjeun. Adam sareng Hawa sami-sami ngaluarkeun cacai diwadahan dina cepuk lajeng diampihan. Saparantos lami cepuk nu dua teh ditingalian deui. Kagungan Nabi Adam jadi murangkalih,
diwastaan Anwas (Nur-Rasa), dupi cepuk Ibu Hawa mah teu jadi naon-naon lajeng dipiceun. Barang dipiceun dipulung ku jin, dicipta jadi manusa, diwastaan Sis (alias Anwar alias Nur-Cahya).
 Anwas bani Adam tea ngagelarkeun para nabi, ari Anwar alias Sis tea ngagelarkeun para dewa.
 Di antara "jujutan" anu kapendak, ieu nu diberendelkeun di handap kaitung pangpepekna sarta rea nu sarua jeung buku sejen. Kieu ceunah:1)
 Anwas (Nurrasa) - Kaenan - Mahlail - Barid - Mulail
 (Idris) - Lamah - Sakib (Noh) - Sayid Sam - Irfak - Sad -
  Soleh - Abar - Ra'u - Suraja - Nahur Tarih (Ajar) -
 Ibrahim - Ismail - Kedar - Les - Jamil - Imlak - Udawa -
 Udnan - Mangad - Nujar - Malar - Ilyas Wadri - Kaji-
 mah - Lemanah - Kinalar (Kures) - Malik - Falar - Galib
 Lawe - Angab - Marah - Kalab - Kasa - Abdulmanap -
 Abdulmutalib - Abdullah - Muhammad.
Ari jujutan kadua nu ngagelarkeun para Dewa tea, kieu Anwar (Nurcahya) - Sanghiang Wenang - Sanghiang Tunggal - Batara Guru - Bragma - Brahmasandra - Brahmasadtapa (Tritusto) - Parikenan - Manumanasa - Sakutrem - Sakri - Palasara - Abiasa - Pandu - Arjuna - Bimanyu - Parikesit Yudayana - Yudayaka - Gendrayana - Jayabaya - Jayamijaya - Jayamisena - Kusumawicitra - Citrasoma - Pancadria Suwelacala - Mahapunggung - Kandihawan - Gatayu - Lembusubrata -



1) W. Palmer v.d. Broek: Arjuna Sastra Bahu, kaca 2 - 11.

63