Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Kalangkang wayang kulit: Pergiwa jeung Gatotkaca.
jadi daging mah. Boh saulas boh sacoret aya keneh warna anu
napel atawa nempel teu kapupus teh.
 Hiji hal anu teu pira, tapi saenyana pohara "rosana" nya eta
bab ngaruat. Nu matak disebut "rosa", lantaran aya patalina
jeung nyawa, cumantel kana paeh-hirupna jalma. Upama aya jalma
anu mistina diruat, pek henteu, cek kapercayaan bid'ah mah
isuk-pageto baris jadi wadal Kala.

 Ari dongengna aya "ruat" ilikan bab XII.

65