Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Henteu unggal jalma meunang dimangsa ku Kala tapi ditangtukeun nya eta:

  1. anak lalaki anu nunggal (untang-anting).
  2. anak awewe anu nunggal (unting-unting).
  3. budak nu dijurukeun teu aya balian (lamunting).
  4. opat anak awewe nu teu bogaeun dulur lalaki (sarimpi).
  5. opat anak lalaki nu teu bogaeun dulur awewe (saramba).
  6. lima anak lalaki nu teu bogaeun dulur awewe (Pandawa).
  7. lima anak awewe nu teu bogaeun dulur lalaki (Pandawi).
  8. lima anak, opat lalaki hiji awewe (Pandawa kaselapan).
  9. lima anak, hiji lalaki jeung opat awewe (Pandawa ipil-ipil).
  10. anak dua lalaki kabeh (uger-uger).
  11. anak dua awewe kabeh (kembang sapasang).
  12. anak dua awewe-lalaki, nu lalaki lanceukna (gandana-gan-dini).
  13. anak dua awewe-lalaki, nu awewe lanceukna (gandini-gan-dana).
  14. anak tilu, panengah lalaki (kulah ngahapit pancuran).
  15. anak tilu, panengah awewe (pancuran ngahapit kulah).
  16. anak nunggal ditinggalkeun maot ku dulur-dulurna (tunggal pinang; tunggilis).
  17. anak tilu, anu panengah ditinggalkeun maot ku adi-lanceukna (nanggung bugang).
  18. orok anu dilahirkeunana "make balakutak" - sirahna lamokot ku mokla atawa ku cacai bodas.
  19. orok nu dilahirkeunana keur surup panonpoe.
  20. orok anu dilahirkeun bulan Sapar (sasapareun).
  21. orok nu paeh dilahirkeunana, hirup ditulung paraji.
  22. orok nu salah dijurukeunana suku heula,(tarujun).
  23. orok nu waktu dilahirkeun ditinggalkeun maot ku bapana.
  24. jalma anu nyaba jauh tur badarat sorangan bae.
  25. dua jalma anu babarengan nyaba jauh - teu disebutkeun badarat atawa tutumpakan.
  26. jalma anu wayah tangange aya di satengahing jalan kalawan henteu babacaan atawa heheotan atawa ngawih.
  27. jalma nu wanci tangange teu nyelang heula eureun tina
    66