pagaweanana.
- jalma nu ngabahekeun seeng nu keur di hawu.
- jalma nu meupeuskeun batu pipisan, paranti ngarieusna.
- jalma nu meupeuskeun pipisan.
- jalma nu imahna rubuh sabot keur dijieun keneh. sesid
- jalma aju di imahna manggih jarami tur lain meunang ngahaja ngetem (ngeureut ku etem).
- jalma nu sabot ngawuluku potong sambilanana.
- jalma anu dina keur nutu motongkeun atawa ngabeulahkeun halu.
Kapercayaan sarupa kitu, sanajan dibid'ah-bid'ah oge keukeuh rea keneh bae nu make. Hiji tanda yen wayang teh pohara geus sumerepna kana sanubari urang.
Cek kapercayaan tea, jalma-jalma nu diberendelkeun di luhur teh lamun teu diruat teh bakal maot meunang cilaka tegesna bakal tiwas, (lain maot gering atawa dumeh geus kolot atawa di pangperangan).
Bawaning ku panteg percaya di urang mah nepi ka aya babasan "mapaq Kala" pikeun nuduhkeun ka jalma anu meunang kacilakaan atawa bobor karahayuan teh, nandakeun yen eta jalma papapag (moprok) jeung Batara Kala.
Leuwih ti kitu, di urang mah nepi ka aya palintangan jeung petangan pikeun neangan poe hade atawa goreng katut madhab anu rek disorang upama indit ti imah.
Pangna kitu teh lantaran "sieun" bisi sabot lumaku atawa sabot migawe hiji pagawean papapag jeung Kala.
Pikeun panambah, ieu di handap arek medar sasadiaan dina ngaruat, lantaran hal ieu arang aya nu "nanggap" tapi pohara perluna kanyahoan. Hiji-hijina anu kudu diruat, geus diterangkeun ti heula.
Sasajenna, nu kudu disadiakeun nya eta: pare dua pocong (di sawareh tempat sok dua geugeus); kalapa samanggar (nu gangsal); berem sakendi (sabangsa tuak tina cai peuyeum); wuduk; bubur baro (nya eta bubur bodas di tengahna make bubur beureum); jajambaran dua, hiji gede hiji leutik, dicaian satengahna, caina make rampe jeung kekembangan tujuh rupa.