Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Di nu mampuh atawa nu aya pakeunna, sasadiaan pikeun ngaruat teh leuwih pepek, nya eta:

  1. Cangkrub (cai diwadahan dina bokor, diteundeunan duit, biasana tengahan tilu).
  2. Boeh dua samping.
  3. Samak weuteuh dipake ngagulung anggel weuteuh.
  4. Pare dua geugeus.
  5. Kalapa samanggar (nu gangsal).
  6. Cau katut tangkalna (biasana sapasang di kenca-katuhu).
  7. Tiwu koneng leunjeuran (sawareh sok jeung daun-daunna).
  8. Haur-koneng (haur-geulis).
  9. Daun kamuning.
  10. Daun kelewih.
  11. Daun hanjuang.
  12. Janur kalapa.
  13. Jukut palias.
  14. Mayang jambe
  15. Hayam hirup.
  16. Bokor dieusi beas, endog, kanteh jeung duit sabaru.
  17. Pangradinan minyak seungit (pangradinan = wadah nu dieusi parabot paranti ngageulis, kayaning: sisir, eunteung, sipat, wedak, jeung sapapadana).
  18. Kembang warna tujuh, biasana kembang nu ilahar di urang, upamana bae malati, campaka, kananga, tanjung, sedep-malem, mandakaki jeung jaksi; jadi lain aster, nyelir, arond-skelk, crysant, vioolces, jeung kembang "nagri" lianna.
  19. Rujak tujuh rupa (biasana gulana ku gula kawung), kayaning rujak kalapa, honje, gedang jeung rea-rea deui.
  20. Duwegan meunang mapas tapi can dibobok.
  21. Jajambaran (paso) dicaian make rampe.
  22. Kendi kosong dituruban endog.
  23. Puncak manik (tungtung congcot).
  24. Tumpeng rasul.
  25. Congcot tujuh rupa nu laleutik.
  26. Sambara cobek.
    68