- Sambara gegecok.
- Panglay.
- Bubur beureum bubur bodas.
- Sorabi, apem jeung cara, sawarnana tujuh-tujuh.
- Sasangon nu ditalian (kupat, leupeut, tangtang-angin jeung sapapadana) jeung kadaharan tina ketan, upamana bae dodol, rangginang, wajit jeung sabangsana.
Jaba ti eta di anu mampuh tur aya pakeunna mah pikeun dina nyawer oge aya deui sasadiaanana anu ngawungkul, nya eta:
- Parabot imah; parabot tani.
- Cai tujuh rupa, upamana bae: cikalapa, lahang, cai tiwu, berem jeung nu sejenna.
- Cai tina tujuh sumur.
- Bedog jeung sarangkana.
- Bakakak atah.
Ari kukus mah geus puguh, teu kudu dicaritakeun deui.
(Ieu kabeh kudu disadiakeun ku nu boga hajat. Pare jeung kalapa digantungkeun dina gantar tukangeun dalang atawa luhureun wayang. Jajambaran di handapeun gebog beulah katuhu. Cau dikenca-katuhueun dalang dirampidkeun jeung tiwu dijieun papaes. Jaba ti eta mah diaturna ku dalang. Salian ti cai jajambaran nu dikembangan tea mah kabeh oge pikeun dalang katut panjakna. Ari cai engkena dipake mandi ku budak nu diruat; lamun nu diruatna tea imah, cai teh dipake ngulasan atawa ngepretan imah tea, tihangna, bilikna, pantona jeung saterusna. Upama anu diruatna pakarangan, eta cai biasana sok diceborkeun di unggal juru pakarangan sarta dikepret-kepretkeun sakuliah pakarangan Berendelan anu ditataan di dieu beunang tina yasana juragan Puradireja dina buku pangeling-eling ngaruat gedong "Sipatahunan" di Bandung -). Panjangna lalakon, ilikan bab XII.
*
**
69