Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

putraan ka tilu mah, istri, awakna mah biasa manusa lumbrah, lenjang alus tangtung hade raut. Ngan orokaya beungeutna, edas, dasar buta, tetep bae buta. Irung bentengur rada nyungir jiga terong kahalodoan, panon barolotot jiga jengkol sepieun, halis cawidwid jiga sapu pipiceunan. pipi kembu jiga beubeulahan kendi, sungut cewaw jiga hayang ngadeukeutan ceuli, huntu renges anggaresol jiga cadas dina gawir ditambahan ku sihung mani pasalit, gado pating burayot jiga kanjut gonggorekan. Ah, cindekna mah teu aya pupurieunana. Eta putri dingaranan Sarpanaka (sarpa hartina oray, naka hartina kuku).

Putra anu ka opat, kakara mangrupa manusa, kasep cara lanceukna nu cikal (Wisrawana). Namina ge rek sarupa, nya eta Wibisana.

Tapi, sanajan buta oge, bubuhan ti rama jeung ti eyang mah turunan pandita, Rahwana jeung Kumbakarna teh ari tatapa mah pohara genturna. Ka tilu Wibisana, eta sadulur teh tatapa di Gunung Gohkarna (ceuli sapi).

Anu dipikarep ku Rahwana, tatapa teh hayang jadi lalaki langit lalanang jagat, jadi raja anu punjul sajagat raya, kongas sakti mandraguna, dipikagigis ku raja-raja satungkebing langit.

Kumbakarna jeung Wibisana mah kahayangna henteu sarongkah-rongkah cara lanceukna. Tatapa ilahar bae mambrih kasampurnaan lahir batin.

Eta tilu sadulur tatapana dimakbul ku Dewa. Rahwana dipaparin kasakten ari Kumbakarna, enya ge buta dipaparin hate saleh. Komo Wibisana mah.

Sigeug palebah dieu.

Urang mapay heula seler-lalakon.

Di gunung Sukendra aya maharesi anu gentur pisan tapana, namina Gotama. Garwana nami Widradi (sok aya nu nyebut Windradi). Putrana tiluan, nya eta Subali, Sugriwa jeung awewe Anjani.

Pijalaneun panjang lalakon, Widradi teh bet boga laku samuni jeung Batara Surya, malah ku eta Dewa dipahugi cepuk, dijieunna tina manik (sabangsa jambrut), bangunna juru-dalapan (cupu-manik-asta-gina). Kasiat eta cepuk, lamun urang menta

76