Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sugriwa tatapana kokorondangan cara uncal ngadaharan jujukutan. Ari Anjani tatapana ngadakom di sisi talaga Madirda, cara bangkong ngeueum sapotong. Barang dahaina ukur kalakay sakur anu murag sapanghontal leungeun.

Sawatara taun aya terbuka, yen dulur-dulur teh moal ari pulih deui jaradi jelema biasa mah (jaba ti Anjani nu engkena diusap ku Dewa), ngan bakal sakti manggulang-mangguling, malah Subali mah dipanjingan aji “Pancasona”, anu watekna unggal paeh bisa hirup deui lamun sirah antel kana taneuh. Sugriwa oge pohara saktina, ngan henteu dipanjingan Pancasona.

Sigeg heula tilu sadulur.

Malikan deui Rahwana sadulur lugay tapa Henteu lila Rahwana ayana di karaton, hiji mangsa dijunjung lungguh jumeneng nata nuluykeun eyang Sumali.

Kumbakarna jeung Wibisana masing-masing geus merenah pada ngeusian kapangeranan malah dijunjung lungguh jaradi senapati, manggul balad pribadi.

Hiji mangsa Rahwana kakalayangan di awang-awang, ari jol ka luhureun Sunyapringga, meujeuhna para sadulur lalugay tapa. Ku pangawasa Subali, puspaka (kareta paranti ngawang-ngawang) Rahwana lebah Sunyapringga teh turun ku maneh.

Rahwana anu angkuh jeung takabur, asa diunghak ku monyet. Ger pasea, tapi dina ijen Rahwana anu asa aing panggagahna sajagat teh, buktina henteu metu ngayonan Subali nu ngagem Pancasona. Ahirna Rahwana taluk, ngaguru ka Subali, malah tilu-sadulur teh diangkir ka karaton Alengka, dijarieun panarosan.

Ku bisana “ngarenghik“ bari mupujuhkeun, lila-lila Subali eleh-rumasa, lir nu leeh ku pamupujuh jeung panghormat, nepi ka sok, mere ajian Pancasona ka Rahwana.

Geus beunang ajianana mah Subali sadudulur teh kalayan jalan limit, “dihaturanan deui“ mulang ka Sunyapringga. Kari Rahwana beuki meuweuh beuki rosa umangkuhna, ngarasa moal paeh-paeh, ayeuna aya karep rek ngagempur ka-Indran, loka panglinggihan Batara Indra.

Karep Rahwana anu sakitu murkana, kaemper-emper ka Danaraja, saderek sarama nu jadi raja Lokapala tea.

78