Awahing nyaah ka dulur, bisi doraka dumeh ngamusuh Dewa, tuluy Danaraja ngutus patih Gohmuka ka Alengka, nyandak surat anu maksudna mere temahwadi.
Rahwana salahtampa. Surat anu sakitu hadena teh dianggap nyieun pucuk ti girang, magar Danaraja nyieun-nyieun alesan rek ngarebut Alengka, dumeh pangrasana boga angkeuh bisa nuluykeun kalungguhan Wisrawa di Alengka. Kitu kahartina eta surat.
Teu antarapah deui, patih Gohmuka anu ngan darma utusan teh ditugel sirahna. Ari bret sirah pegat tina badan, ari pung sirah teh ngapung, mulang ka Lokapala, sabada ninggalkeun panyapa: “Isuk jaganing pageto, bakal aya hiji utusan, rupana monyet bodas, eta utusan bakal ngaburak-barik dayeuh katut karaton Alengka, minangka pamales ka raja dolim anu tega maehan utusan.”
Ngadenge panyapa kitu teh Rahwana kalah babarakatakan seuseurian, malah harita keneh mepek balad, ngajorag Lokapala. Raja Wisrawana (Danaraja) henteu niat perang jeung dulur. Sabada karatonna diruag ku Rahwana, Danaraja mah tuluy ngahiang ka sawarga. Ari karaton Lokapala, ku Rahwana dipindahkeun ka leuweung soka, nu dijieun Tamansari Argasoka. (Jagana ieu karaton Argasoka teh dipake nyumputkeun putri Mantili ku Rahwana).
Sabada ngagempur jeung mindahkeun karaton Lokapala Rahwana beuki ngangkrak bae. Tadi mah ngan rek ngarurug ka Indran wungkul. Ayeuna mah rek ngarurug kayangan Batara Guru. Tapi ku kasakten Dewa, Rahwana teu bisaeun abus, sabab leungeunna kacepet nepi ka ampun-ampunan. Geus tobat tuluy balik.
Di jalan manggih patapan dieusian ku Dewi Widawati nya eta titisan Dewi Sri (geureuha Wisnu) anu keur ngadago mangsana nitis ka Citrawati putri Magada.
Rahwana arek murugul ka Dewi. Ari Dewi henteu aya bangun sieun, kalah siga nu niat ngalayanan, pokna: “Kuring teh moal embung ka anjeun, tapi ulah gurunggusuh. Jig ka luar heula,
dagoan kuring di ditu, ulah waka asup mun can dicalukan. Ari