kuring arek dangdan heula.“
Ngadenge anu sakitu sadrahna, Rahwana olohok, asa ku ”babari teuing”. Najan kitu, teu weleh nurut, leos ka luar.
Sanggeus Rahwana ka luar, Widawati gajleng luncat kana pancaka (durukan mayit) nu geus meunang ngahaja nyadiakeun ti bareto, pakeeun dina geus nepi kana mangsana Sang Dewi Sri nilar jasad-badag Widawati.
Rahwana kari kaedanan. Saumur hirupna moal weleh panasaran lamun henteu kalaksanakeun ka Widawati atawa ka titisanana.
Ti harita Rahwana jadi ”ngaprak” bari ngagalaksak ka unggal putri geulis, geus teu ngahiding lengoh atawa boga salaki.
Ti bagawan Maruta, Rahwana meunang pituduh, yen Widawati teh padumungan Dewi Sri, ari nitisna, mimiti ka Citrawati di Magada tuluy ka Sinta di Mantili. Lamun hayang papanggih kudu dipapay ka nagara-nagara Magada, Maespati, Mantili jeung Ayodya.
Sanajan Maruta rusa ngawawadian, supaya Rahwana ulah tutuluyan neangan titisan Dewi Sri, sabab eta pijalaneun ajal Rahwana pribadi, tali Rahwana batan nurut mah kalah ngajak gelut ka pandita. Hadena bae bagawan Maruta teh lain pandita bandrak-bandrak. Rahwana teh eleh jajaten.
Ti dieu Rahwana aprak-aprakan neangan titisan Dewi Sri.
Sigeug heula.
Aya deui bae seler-lalakon teh.
Kacaritakeun aya hiji raja, buta anu tandukan cara munding, ngaranna ge Maesasura. Nagarana di guha Kiskenda. Ti luar mah guha teh biasa bae cara ilaharna guha, tapi lamun urang abus, di jero teh nagara anu lega tur mahmur pisan, karatonna ge pohara agrengna.
Eta nagara papatihna aya dua, nya eta Jatasura anu buukna nganyam bawaning ku gimbal, saurang deui Lembusura, buta anu huluna jiga sapi.
Ari anehna, Maesasura jeung Jatasura teh boga kasakten silih hirupan lamun paeh. Upamana Maesasura paeh, tuluy Jatasura oge paeh nuturkeun Maesasura. Anehna teh lamun upamana