Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jeung pandita Rawatmaja.

Raja Banaputra putraan Sukasalya (Kausalya alias Ragu).

Putra anu ka dua, nya eta Dewi Tunjung tea, carogean ka pandita Wimana, sarta putraan opat, nya eta Sumaresi, Resikala, Sumareja, (ieu engkena jadi raja Suwela) jeung nu bungsu Dasarata (ieu engkena jadi raja di Ayodya).

Anu ka tilu mah putra pameget, nya eta Danupati, neraskeun ramana jadi raja Mantili: Danupati putraan Janaka; ieu oge jeneng raja Mantili (Engkena bebesanan jeung Dasarata).

Sakitu bae heulaanan sarsilah anu aya patalina kana ieu lalakon mah.

Urang malikan carita.

Rahwana anu keur kaedanan ku Widawati nu ngaduruk maneh tea, ulapengan ka mana-mana neangan putri titisan Widawati (Dewi Sri). Lantaran cek beja ti pandita Maruta magar bakal aya di Magada, Maespati, Mantili jeung Ayodya, biur disusul ka Ayodya.

Banaputra, raja Ayodya, kagungan putri, namina Kausalya (dina padalangan Sukasalya; dina carita Ramayana disebut Ragu). Waktu di Ayodya aya saembara, Rahwana eleh jajaten ku Dasarata, ti patapan Dandaka. Tapi dasar buta, geus eleh-eleh ge maksa murugul. Barang Kausalya arek dipurugul ku Rahwana, Banaputra ngayonan, tapi teu kuat, pupus ku pakarang Rahwana. Memeh les, kedal heula supata, yen isuk jaganing pageto, bakal aya wargi (kapiputra) Banaputra nu baris malespati anjeunna. Rahwana disapa teh kalah seuseurian.

Ari Kausalya, sabot kangrama ngayonan nu dugal teh geuwat lolos ka pamanna, bagawan Rawatmaja di patapan. Anu minggat ku Rahwana disusul tepus. Di dieu oge Rahwana nembongkeun kadugalanana, Rawatmaja ditelasan. Malah harita teh aya manuk garuda, Sempati ngaranna, sobat pandita, mantuan manglawankeun. Tapi garuda Sempati oge henteu kuat ngayonan Rahwana.

Kalawan pituduh Sempati, Kausalya teh ngejat ka gunung Dandaka, patapan pandita nonoman, Dasarata. Kausalya ka Dasarata teh perenah paman-misan (Dewi Marawa, ibuna

83