Banaputra, ninina Kausalya, lanceukna Dewi Tunjung, ibuna Dasarata).
Dasarata anu waspada kasumpingan ku kapiputrana, geus terang, yen Rahwana tangtu cara ka para saderek misanna. Jadi upama dilawan ku keras deui mah moal untupan, kudu ku akal demit. Gancangna Kausalya disumputkeun, tapi dipenta heula susubal gelungna, dicipta jadi Kausalya titiron.
Enya bae Rahwana teh nyusul. Tadina mah arek jol-jol gerebeg bae ngariribut di Dandaka, tapi Dasarata bijaksana, nu dugal teh dibawa leuleuy sarta rendah, atuh pohara leuleuyna, cara budak ogo disungkun, jadi beak napsuna. Menta Kausalya teh ku Dasarata henteu dikoretkeun, harita keneh disaru. Ari geus jongok, jiga enya, putri-titiron teh diwurukan, supaya kersa ka Rahwana, raja anu sakitu nunjul agungna. Nyi putri, henteu baha, harita keneh nyebut mangga.
Rahwana henteu talangke deui, harita keneh tatan-tatan nyandak Kausalya (palsu) ka Ayodya.
Nepi ka Ayodya, ger pesta rongkah, kokomoan kurna onam anu atoh dumeh hasil maksud. Tapi naha atuh, peutingna tas pesta, watu panganten rek ngajalankeun kawajibanana, ana kerelek teh panganten awewe maot ngadadak. Puguh bae guyur mah. Lain geunjleung meumeueusan.
Rahwana anu minangka arek dahar kari am ngahuap, ari ieu huapna ragrag, atuh pohara ambekna. Saha anu disalahkeun? Batara Guru. Ingetan Rahwana, bet asa teungteuingeun Dewa teh, anu arek nyacapkeun kapanasaran, dibelaan perang, maehan jelema sababaraha urang, ari geus kari brak murak berekat, bet kudu ngalamot curuk. Pikiran Rahwana, taya deui jalan, ayeuna mah sawarga jeung para Dewa kudu diburak-barik. Batara Guru ku Rahwana arek dirurud kalungguhanana.
Harita keneh Rahwana balik ka Alengka, mepek balad arek ngagempur Sawarga. Para saderek, nya eta Kumbakarna jeung Wibisana, katut para wargi lianna sakali ieu mah dikerid, dimistikeun ngarurug ka Suralaya, neangan sarta terus ngarebut Dewi Sri (Widawati), diboyong ka Alengka.
Kumbakarna jeung Wibisana, sanajan pohara henteu sapukna, teu bisa majar kumaha, kapaksa tunduk kana pangersa dulur kolot. (Nya dulur, nya raja!).