Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Patih Prabu, paman Rahwana, pirang-pirang wawadina, megatan maksud Rahwana anu owel ku awewe saurang nepi ka kudu ngorbankeun mangrebu-rebu nyawa jelema.

Batan diwaro, paman patih teh kalah ka meh-mehan bae ditigas janggana.

Dina gerna perang, balad Sawarga kadeseh. Para Dewa henteu ngayoman balad Alengka. Hadena bae Batara Indra wijaksana. Anu keur soroh amukan teh diandeg heula, diterangkeun yen Widawati (Sri), dina mangsa ieu, acan balik ka Sawarga, masih keneh kumacacang di marcapada. Ku sabab eta, lamun rek diteangan, lain kudu dijorag ka Sawarga, tapi disaksrak di Magada, Mantili, Maespati atawa Ayodya.

Sanajan kitu, tamba lengoh teuing balik, geusan ubar kapanasaran, Rahwana teh dibere widadari geulis, nya eta Dewi
Tari¹), putra Indra, adi Dewi Tara (pamajikan Sugriwa tea).

Kumbakarna oge dibere widadari, nya eta Dewi Kiswani. Ari Wibisana kabagian Dewi Triwati.

Sanggeus diupahan ku Widadari, tilu-sadulur teh baralik ka Alengka arek karawin, malah dulur nu awewe oge, Sarpanaka,
dikawinkeun ka buta Karadusana, salahsahiji senapati gagah perkasa.

Sigeug ieu.

Aya deui bae pengkolan teh.

Sakali ieu mah seler-lalakon teh bari paseseler jeung nu geus dicaritakeun ti heula, nya eta Gotama di gunung Sukendra tea.

Sarsilahna kieu:

Dewasana, raja Maespati putraan dua. Nu cikal raja Erriya, adina pandita Wisanggeni.

Raja Erriya putraan dua, lanceukna raja Kartawirya, adina pandita Gotama

Raja Kartawirya, putraan Arjuna (nu engkena katelah Arjuna Sasra-Bahu, leungeunna sarebu, perlambang sakti pinunjul). Ieu Arjuna Sasra Bahu jadi raja di Maespati.

1) Dina padalangan aya garwana Rahwana nu nami "Banodari" (dina Ramayana "Manudhare" Prameswari namina "Dewi Tari", ibu Indra-Jit).

85